CIMAHI, akwnulis.com. Selamat pagi semua, ini saatnya menulis kembali sebuah cerita fiksimini singkat berbahasa sunda. Tentu hanya fiksi alias rekaan tapi mungkin saja terjadi.
Selamat membaca…
***
Fikmin # TEPANG DINA LIFT #
Lebet kana lift di hotel ……….Jakarta, karaos lalega tur modèrn. Pas badè nutup pantona, aya nu ngiringan ogè. Hiji wanoja rancunit nganggè span rok pondok nyolèndang tas.
“Kulem didieu aa?” Pertarosan nu matak ngarènjag.
“Sumuhun, dupi Ètèh ogè sami?” Nyobi ngawaler sanaos rada geumpeur, kumargi ieu pangalaman munggaran ameungan ka jakarta. Pèdah wè bapak Bupati nyuhunkeun disarengan.
“Henteu aa, simkuring kaleresan nuju aya padamelan”
“Ohh sumuhun”
“Bilih engkin badè kontak, tabuh 8 wengi mah rinèh”, saur èta wanoja bari ngasongkeun kartu namina. Uing rikat nampi, bagja.
Saatos bèbèrès bahan sambutan, lungsur ka lobby nepangan Bapak Bupati. Katingal nuju ngaleueut kopi di cafe hotèl.
Langsung laporan padamelan ditambih perkawis tètèh geulis dina lift tadi. Teu hilap kartu namina didugikeun ka bapak bupati.
Bupati muncereng bari ngadegungkeun tarang, “Kuper sia mah ajudan tèh, nu kitu tèh Ungkluk!!”
Uing tungkul, reuwas tur èra. Untung teu acan dikontak kanggè manjangkeun silaturahmi.
***
Terima kasih, nantikan penjelasan lebih lengkap dalam bahasa indonesia di channel youtube : @andrie kw dengan keyword : fbs, fikmin,fiksimini. Wassalam (AKW).
Mantap lah, pak sekdis menyelam sambil minum air hehe……
LikeLike