Mamah Dongeng – fbs

Carita Si Bungsu diajar cumarita.

GEMPOL, akwnulis.com, Pasosonten ngobrol sareng jikan, sono upami tos sadidinten ngaroris baringabérak kebon kopi di mumunggang Gunung Pangrango. Torojol Si Bungsu, tétélendénan. Langsung disanggap, dipangku. Murangkalih téh gumujeng, lucu pisan.

“Mamah dongéng” Si Bungsu nyarios, duaan papelong-pelong, reuwas. Si Bungsu nembé yuswa 2 taun tos tiasa nyarios béntés, hoyong didongengan.

“Hoyong dongéng naon geulis?”

Ngawalerna téh, “Mamah dongéng”

“Muhun, dongéng naon?”
Si Bungsu ngadon ngabeureuketeuk, ngécagkeun diri teras lumpat kaluar pangkéng muru ka ninina, bari ngagorowok, “Mamahh dongééng!”

***

Laju peuting bari gogoléran sateuacan kulem, Si Bungsu sok capétang nyarios sagala kecap sanaos apal cangkem.

“Mamah dongéng” bari nangkeup indungna.

“Saur saha mamah dongeng téh?” Kuring panasaran.

“Euuh… saurr… saur abah ka ema, upami tengah wéngi pas nuju poék”

“Ooooh…..”

Kuring sareng jikan papelong-pelong, nyéréngéh. (AKW).

*)fbs : fiksimini basa sunda : genre penulisan cerita fiksi singkat berbahasa sunda, maksimal 150 kata sudah membangun 1 cerita.

Leutik Burih – fbs

Hiji prinsip réa pilihan.

CILILIN, akwnulis.com, “Sia mah borangan, leutik burih!!” nongtoréng kalimah kasar nu nyeceb kana mamarasna.

Éta kalimah aheng dina guneman wengi ieu sareng Ama Sepuh.

Sakedapeun mah rada olohok, naha geuning nyariosna kitu. Tapi tangtos saé sangka wé, panginten éta téh kalimah pangrojong supados ngagugah manah ngalunturkeun kahoréam, ngiring adu jajatén di pakalangan.

Sim kuring mung imut sauted, teras amit mundur. Nebihan Ama Prabu, ngadon mapay deui raratan kahirupan nu pinuh carita ngayas ogé ngahelas.

“Naha geuning teu aya waleran?” soanten Ama aya gigireun.

Gebeg! teu wantun nolih, bilih bendu deui.

“Jang, putusan aya di hidep. Tapi naha moal kuciwa mun di pakalangan, nu tanding téh teu puguh saha timana!”

“Nyanggakeun sadaya-daya Ama, insyaalloh moal janten padang kurusétra. Tapi mugi-mugi ngahasilkeun ksatria nu sakti mandraguna.”

Bari nepak taktak, Ama Prabu sasauran, “Ngilu jeung teu ngilu mah ukur pilihan. Tapi panceg nyekel prinsip, éta nu bakal nangtukeun carita kahirupan”

Lawang sigotaka peuray, digentos caangna bulan di sisi wahangan pangharepan. (AKW).

***

*)fbs : fiksimini basa sunda, carita fiksi anu singket dina basa sunda téa geuning.

Kecap Pamungkas – fbs

Ukur saucap tapi matak natrat.

Photo : Mangga dileueut / dokpri.

*)fbs : fiksimini basa sunda

BANDUNG, akwnulis.com, “Wassalamualaikum…!” mungkas obrolan kalawan teteg. Jempling saharita. Tapi geuning diantosan téh sanés waleran nu aya, kalahka inghak kamelang ngarumpaka dina mangsa nu sakedahna bagja.

Haté mah ngaleketey, tapi baham jeung sora kudu sembada. Kuat nanjeurkeun prinsip sanajan kudu mereketkeun diri nguatkeun rumasa nu pasiksak teu puguh rupa.

“Loba kénéh Nyai, kalimah surga nu aya dina baham ieu, tapi dalah dikumaha, sanajan ngabudah sajuta kecap, ngabayabah di alam mayapada, tungtungna urang tos apal badé kamana” gerentes haté ngabeberah.

“Sumuhun Akang, Nyai ngartos kana kecap pamit Akang. Tos teu kedah seueur saur, geura jugjug pangharepan, ulah nolih ka Nyai nu ukur jadi gémbolan kahariwang”

“Euleuh geuning!!, Nyai tiasa terang gerentes haté Akang?” Adang ngarénjag bari melong raray Nyi Jumsih.

“Ah Si Akang mah, matakna ari ngagerentes téh dina haté, ulah dina status pésbuk” Nyi Jumsih ngawaler bari imut kanjut.

Adang tungkul, tuluy ngabalangkeun hapé. (AKW).

PUNDUNG – fbs*)

Ulah pundungan atuh lurrr….

PASUPATI, akwnulis.com, Saguncluk Méga nempokeun guligah rasa, dibarung hiliwirna Angin isuk-isuk nu mawa béja. Teu pira ukur hiji kalimah, “Mata poé keur pundung, moal waka nyaangan dunya”

“Nu jadi kahariwang, lain aya jeung euweuhna matapoé, tapi nepi ka iraha?” Méga nanya bari dareuda. Angin tungkul ngaheruk.

Nyedek ka beurang, matapoé geuning pengkuh kana pundungna, nyumput di kontrakan ditalimbeng kampuh urut. Dunya poék mongkléng, sakabéh mahluk baringung. Manusa, sawaréh ngadu’a, sésana pésta foya-foya, ceunah ieu ahir hirup di dunya.

Méga jeung Angin satékah polah ngolo Matapoé, tapi mugen teu bisa diajak badami.

“Sia mah égois, tuh ilo, dunya jadi bancang pakewuh, mikir atuh Silaing téh” Mega geus bèak kasabaran, Angin ngilu muncereng.

“Hampura Lur, Uing mah nyumput téh lain egois tapi keur pundung ka manusa”

“Baruk pundung kunaon?” Angin jeung Méga nanya.

“Rék teu pundung kumaha, Uing téh matapoé nu ngawulaan sadunya, ayeuna geuning euweuh pangajén ti sakabéh manusa, kalahka jadi ngaran kadaharan bari disandingkeun jeung sato sapi, nyeri haté Uing mah”

Méga jeung Angin papelong-pelong, tuluy nyéréngéh bari ngimeutan kamar kontrakan nu pinuh ku gambar ‘endog mata sapi.’ (AKW).

Papaés Hirup – fbs

Sumerah rasa bari nyidem rusiah nyata.

fbs*) : fiksimini basa sunda, tulisan fiksi nu paling loba 150 kecap, geus jadi hiji wangun carita.

PURWAKARTA, akwnulis.com, “Jang, wayahna. Kudu nurut, tong loba tatanya!!” Juragan Abdul tatag sasauran. Uju unggeuk bari tungkul. Gigireun kaciri Uwa Lebé beungeutna pias, ogé aya Nyi Sunarti nu keur bureuyeung bulan alaeun, nginghak.

Hiji fragmén hirup nu teu bisa dipopohokeun. Atra tur jéntré, kakawasaan boga andil nangtukeun nasib jelema cacak kuricakan nu teu walakaya.

“Abah teu kénging ngalamun waé, Umar janten sedih” dumareuda sora budak nu geus manjing sawawa, mun seug ningali Uju nu keur ngaheneng hareupeun makam. Lain ku sedih kaleungitan jikan, tapi nahan guligah rasa, nyidem rusiah salila hirup di dunya.

“Hampura Abah, hayu urang du’akeun Ema hidep, bagja di alam kalanggengan” Uju ngajak anakna, mendeko nyanghareup makam Nyi Sunarti, nu maragat nyawa basa ngaborojolkeun Umar.

“Allohummagfirlaha……” geter du’a disampeur seungit samoja. Cinitnit ngelik mapaésan rasa nu nyata. Katumbiri geusan ngajadi, silih élég jeung layung nu geus lila teu ngariung, nguyung. (AKW).

Borangan – fbs

Numpak sepur munggaran.

fbs*) : fiksimini basa sunda..

Numpak sepur ka puseur nagara, pangalaman munggaran nu matak kabita. Jigana satuluyna mah Bandung-Jakarta jadi jalan ka cai. Nyubuh numpak sepur kahiji, anjog di Gambir. Ngagidig leumpang mapay pager pangwates Monas, nawaetuna mah méh jagjag ogé ngirit teu olok ongkos.

Ngan hanjakal, sabot rék meuntas ngadadak kawani leungit ningali patalimarga nu matak rieut. Ngahuleng bari haté mandeg mayong.

Guligah rasa matak hemeng jeung samar pola, “Kudu kumaha?” Jumerit haté, késang tiis teu pupuguh morolok.

Tungtungna mah ngalénghoy deui ka statsion, bari haté marojéngja. “tibatan cilaka, mending balik wé maké sepur” kitu gerentes dina haté.

Anjog deui ka statsion, loba jelema keur ngagimbung. Panasaran, ngilu ngadeukeutan. Lalaunan sésélékét, untungna awak leutik, jadi bisa nyelap.

“Hayu, geura pulasara Mang, karunya” sora teteg ti pagawé statsiun.

Mardi ngajentul, ningali layon nu nyeplés pisan manèhna. (AKW).

Bedo – fbs

Papagah sepuh nu matak marojéngja.

fbs : fiksimini basa sunda.

JATINANGOR, akwnulis.com. “Wayahna Jang, ayeuna geus manjing mangsa cunduk waktu. Ujang kudu ngilu saémbara keur jadi Senopati di Sumedang larang” Soanten teteg Éyang Patih matak nyeceb kana mamarasna. Aya bagja tapi longkéwang.

Teu aya kecap nu eungab, baham rapet létah jempling. Ngan mastaka unggeuk lalaunan.

“Kunaon Jang, jiga anu teu kahatéan?” Patarosan leuleuy Éyang Patih, asa ngabeledag tarik naker, karaos beuki ngarojok haté nu marojéngja.

“Ulah salempang, sok wé nuturkeun aturanna, Éyang ogé moal cicing”

Jang Markoji beuki tungkul, nepi ka tarang antel kana taneuh, teu wasa nampik pangasih nolak paréntah Éyang Patih. Sanaos teu sapagodos.

“Tapi, tibatan engké saatos diistrénan, codéka ogé euweuh kabisa, mending ayeuna wé wakca balaka” Gerentes haté Ki Sulintang.

Lalaunan ngangkat raray bari teu puguh raraosan, “Euleuh naha paroék, kamana Éyang Patih?” rada reuwas, hemar hemir.

Bulan sapasi ngabegégan, ningali nu keur baringung. Ditinggalkeun sorangan, sabab ngadon kérék basa keur dipapatahan. Éyang Patih bendu pisan. (AKW).