Mamah Dongeng – fbs

Carita Si Bungsu diajar cumarita.

GEMPOL, akwnulis.com, Pasosonten ngobrol sareng jikan, sono upami tos sadidinten ngaroris baringabérak kebon kopi di mumunggang Gunung Pangrango. Torojol Si Bungsu, tétélendénan. Langsung disanggap, dipangku. Murangkalih téh gumujeng, lucu pisan.

“Mamah dongéng” Si Bungsu nyarios, duaan papelong-pelong, reuwas. Si Bungsu nembé yuswa 2 taun tos tiasa nyarios béntés, hoyong didongengan.

“Hoyong dongéng naon geulis?”

Ngawalerna téh, “Mamah dongéng”

“Muhun, dongéng naon?”
Si Bungsu ngadon ngabeureuketeuk, ngécagkeun diri teras lumpat kaluar pangkéng muru ka ninina, bari ngagorowok, “Mamahh dongééng!”

***

Laju peuting bari gogoléran sateuacan kulem, Si Bungsu sok capétang nyarios sagala kecap sanaos apal cangkem.

“Mamah dongéng” bari nangkeup indungna.

“Saur saha mamah dongeng téh?” Kuring panasaran.

“Euuh… saurr… saur abah ka ema, upami tengah wéngi pas nuju poék”

“Ooooh…..”

Kuring sareng jikan papelong-pelong, nyéréngéh. (AKW).

*)fbs : fiksimini basa sunda : genre penulisan cerita fiksi singkat berbahasa sunda, maksimal 150 kata sudah membangun 1 cerita.

Leutik Burih – fbs

Hiji prinsip réa pilihan.

CILILIN, akwnulis.com, “Sia mah borangan, leutik burih!!” nongtoréng kalimah kasar nu nyeceb kana mamarasna.

Éta kalimah aheng dina guneman wengi ieu sareng Ama Sepuh.

Sakedapeun mah rada olohok, naha geuning nyariosna kitu. Tapi tangtos saé sangka wé, panginten éta téh kalimah pangrojong supados ngagugah manah ngalunturkeun kahoréam, ngiring adu jajatén di pakalangan.

Sim kuring mung imut sauted, teras amit mundur. Nebihan Ama Prabu, ngadon mapay deui raratan kahirupan nu pinuh carita ngayas ogé ngahelas.

“Naha geuning teu aya waleran?” soanten Ama aya gigireun.

Gebeg! teu wantun nolih, bilih bendu deui.

“Jang, putusan aya di hidep. Tapi naha moal kuciwa mun di pakalangan, nu tanding téh teu puguh saha timana!”

“Nyanggakeun sadaya-daya Ama, insyaalloh moal janten padang kurusétra. Tapi mugi-mugi ngahasilkeun ksatria nu sakti mandraguna.”

Bari nepak taktak, Ama Prabu sasauran, “Ngilu jeung teu ngilu mah ukur pilihan. Tapi panceg nyekel prinsip, éta nu bakal nangtukeun carita kahirupan”

Lawang sigotaka peuray, digentos caangna bulan di sisi wahangan pangharepan. (AKW).

***

*)fbs : fiksimini basa sunda, carita fiksi anu singket dina basa sunda téa geuning.

Leleson – fbs

Hoyong mah geura leleson, ari pék téh…..

Akwnulis.com. Jakarta. Jalan Kemang Raya Jakarta haneuteun kénéh dina wanci ngadeukeutan indung peuting, tapi awak geus rangsak pasiksak kudu gancang digolèrkeun bisi jadi matak. Teu loba carita, kopi disuruput, mayar tuluy ngingkig balik ka hotél.

Asup kana lift, awak geus tingsariak, “Ulah harééng, cageur cageur cageur” Uing ngomong sorangan, sugan jadi du’a.

Kaluar tina lift, méngkol ka kénca tuluy leumpang ngaliwatan koridor, simpé jeung rada paroék. Ah lahaola wé, “Aing manusa mahluk mulya.”

Anjog ka hareupeun kamar 321, pas kartu éléktronik rék diantelkeun kana gagang panto, “Ih geuning méléngé, canggih yeuh, can antel geus muka”
Panto dibuka, Uing asup da teu kuat hayang geura leleson.

Ari bus ka kamar, “Awwww…….” dua wanoja nu keur papuket ngajorowok tarik, rikat ngarurub awakna maké kampuh. Uing ngaheneng, olohok mata simeuteun. Kaciri dina méja gigireun, kartu panto kamar, nomérna 323. (AKW).

Meuni Éndah – fbs

Antawis éndahna dunya sareng nikmat ahérat – fbs.

Photo pribadi

Anjog ka kamar hotel bintang lima di pulo Bali, fasilitas ti panitia. Matak hélok, kamar lega jeung sareungit. Sakabéhna kaca, langsung nojo ka kolam renang, éndah pisan.

Teu loba carita, ucul-ucul beberesih, ngisang gancang teu poho sibeungeut katut kekemu di tuluykeun wudu da rék solat asar heula.

Geus maké batik panjang jeung calana hideung, ngagelar sajadah meunang mawa ti imah, mayun ka kiblat sakumaha tanda dina lalangit. Solat téh nyanghareup pisan ka kolam renang, cai hérang bulao ngagenclang. “Allahu Akbar” Takbirotul ihram dikawitan.

Rokaat katilu nuju dilaju, pas cengkat tina sujud muru rokaat ka opat, tina kolam renang aya bulé awéwé hanjat, teu di kutang ukur di cawet, “Astagfirullahaladzim!!”

Poho rokaat hilap keur solat, olohok panon kabéngbat, nempo nu nyeungseung hareupeun, oyag oyagan matak teu kuat.

Ngajanteng wé nantung dina sajadah, leungeun sidakep bari neuteup pinareup nu teu maké wadah, duh meuni éndah. (AKW).

Dunungan – fbs*)

Tungtungna kudu aya nu lekasan, aya wates nu jadi wasit.

Photo : Dokumen pribadi
Photo : Dokumen pribadi

Poé Ahad waktu nu merenah pikeun kumpul jeung kulawarga, sanggeus saminggu campleng babakti ka lemah cai.

Hanjakal éta téh ukur lamunan, sabab geus rék sataun teu bisa ngalakonan. Saptu-ahad kudu asup gawé, ngabaturan dunungan.

“Akang téh badé kikieuan wae?, iraha waktos kanggé kulawargi?, urang ogé teu acan ngalongok Ema di lembur” Sora Jikan, matak marojéngja.

Lahaola, gidig ka kantor. Muru ka rohangan dunungan, kabeneran geus aya.

“Hapunten pisan pa, dinten ieu neda widi, bade ngalongok pun biang di lembur, teu damang wales.”

Gantawang téh dunungan, “Belegug Sia mah!!!, indung gering mah nu datang lain manéh, tapi Dokter!!!”

Teu loba carita, amit mundur bari nahan amarah rasa, tutup lawang sigotaka.

“Héy manéh rék kamana?, ieu gempungan rék dimimitian!” Sora dunungan nyalukan, teugeug.

“Pék hakan nagara ku Sia, Indung Aing mah utama” Gerendeng haté nu gudawang. Raga ngungkug, muru ka lembur. Néang Ema jeung Apa di tutugan Gunung Patuha. (AKW).

Catetan :

Fbs : fiksimini basa sunda, sebuah genre penulisan fiksi berbahasa sunda dengan maksimal 150 kata yang sudah membuat sebuah jalinan cerita.

Sayur Sop – fbs

Samangkok sayur sop diréncangan goréng hayam, raosss pisan.

#Fikmin

Teu pira, ukur sayur sop maké baso dibaturan goréng hayam jeung sambel goang. Tapi nu matak hébring nyaéta bisa mulangkeun deui panineungan, ngahirupkeun deui rasa jeung rupa basa harita.

Keur meumeujeuhna belekesentreng, sagala hayang nyaho istuning euweuh kasieun. Antukna hiji mangsa pasosoré tiporos di sisi gawir Leuwi Lutung, ngagulutuk nepi ka ngagejebur kana leuwi.

Mun euweuh Mang Osid nu keur nyawah mah jigana kari ngaran da tilelep, alhamdulillah ditangtayungan kéneh ku Gusti Alloh.

Digandong balik ka lembur, ibur budak kasép tigejebur. Ema jeung Apa hariweusweus bin tagiwur.

Nepi ka imah sagala diogo, kaasup dahareun. Nu sapopoé ukur kurupuk, sambel tarasi dicoél téspong jeung bonténg. Ayeuna Ema popolah, nyieun sayur sop maké baso jeung goréng hayam.

Rasa, seungit jeung haneutna sarua, ni’matna tos pasti karasa. Nuhun Ema, kanyaah salira ngiatkeun putra jumeneng tur panceg ngajalanan takdir di dunya. Bismillah. (AKW).

Tuang Haratis

Hoyong barang tuang nu raos ogé haratis?.. palih dieu geura.

#Fikminbasasunda

Belewek… nyam.. nyam… lima ramo asup kabéh kana baham. Sangu konéng jeung lalawuh ngageleser kana tikoro, geus teu dicapék deui.
Bakakak hayam hideung direcah ku tiluan, semur endog digares teu nyésa. Pamungkas, urab, perkedél jeung kurupuk dibèakkeun. Sanyiru ledis ku tiluan, balakécrakan.

Ngahaja dalahar téh rurusuhan, da bisi kapanggih. Udud, endog atah, menyan jeung parukuyanna mah di teundeun da teu ngeunah didaharna.

“Euuu…” Teurab Si Entur ngajadikeun waspada. Teu diengkékeun, tiluan tingkoléséd ngajauhan tangkal kiara, baralik deui ka kobong pasantren bari susulumputan. Beuteung seubeuh, tengah peuting bisa dahar nu ngeunah pisan. Pungkilna hayam jeung ngerekesna kurupuk kacipta keneh… raos pisan tur haratis.

“Nuhun Mbah, sasajén simkuring katampi, mugi pamaksadan simkuring saénggalna ngawujud” Sora Mang Uju atoh, ningali sasajén keur sarat améh beunghar geus paburantak dihakan jurig. Nyembah bari maca jangjawokan.

Tangkal kiara seuri ningali manusa nu masih poékeun ku cocobi dunya.(AKW)

***

Catetan : Punten bilih saatos maos ieu seratan, teu mendak bahasan perkawis surabi. Kaleresan waé mikminna bari ngantri mésér surabi. Nuhun.