NGANTEUR BUDAK – basa sunda.

Neda maklum kirang gaul..

CIMAHI, akwnulis.com. Tulisan kali ini berbahasa sunda dulu ya, bahasa sunda loma atau bahasa sunda keseharian. Nyanggakeun…

***

NGANTEUR BUDAK

Ba’da shubuh asa hayang gogolèran, kabeneran pan poè saptu mah teu kudu indit ka kantor. Tapi kètang poè saptu minggu ogè ari keur euyeub ku pagawèan mah angger ngantor, sanajan ukur satengah poè.

Golèdag nangkarak bari nguliat, panon mapay lalangit bodas bari ngitung pasagi motifna geuning ngawengku 49 titik tina unggal kotakanna. “Teu percaya?.. ajaran wè ngitung sorangan lur”

Awak asa hampang jeung mimiti tetempoan moèkan, reup sarè teu hararèsè.

Hanjakal geuning kanikmatan hirup ieu teu lila umurna, kudu hudang bari ngarènjag sabab ceuli katuhu katorekan ku gorowok budak cikal, “Abahhhh ka kafè tèa, ulang kalah ka sarèèè….”

Gurubug, langsung diuk dina sisi pangsarèan, ngumpulkeun sukma bayu bari ratug jajantung. “Astagfirulloh Enèng, ulah ngareureuwas kitu”

Hapunten Abahkuuu” Sora halimpu budak bari ngagèlèhè. “Hayu urang ka cafè tèa, pan tos jangji, nganteur wungkul Abah mah”

Teu loba carita sanajan dompèt keur ceurik balilihan da kosongan. Tapi keur budak mah kudu ditagenan. “Tapi naha ka cafè ukur nganteur?, biasana gè bagèan mayar”

Biur numpak motor duaan, meuntasan lembur muru ka kota. 30 menit geus anjog ka nu dituju. Budag jigrah atos amarwata suta, lumpat asup, kukurilingan milihan barang nu lalucu. Uing ngahuleng hareupeun toko anyar di mall, ngaranna KKV (dibaca ka ka fe).

***

Itulah cerita singkat kali ini, Alhamdulillah irit uang, karena si kecil belanja dengan uang THRnya. Wassalam, (AKW).

NGABORÈLAK – fbs

Nyerat deui fiksi mini berbahasa sunda..

FIKMIN # NGABORÈLAK #

Ngawitanna mah mung wartos salangkung ti tatanggi, saurna aya anu tingborèlak dina suhunan. Nu jolna tina tangkal ketapang kancana bodas di buruan pengker.

Teu seueur saur tangtosna kedah saènggalna diroris, bilih leres tangkal tos ngajangkungan, lajeng daun nu murag janten runtah ka buruan tatanggi. Kaleresan samentawis waktos èta bumi tèh teu dieusian, jalaran pun biang hoyong disarengan sabumi. Maklum tos sepuh.

Ènggal ngabujeng ka bumi kosong, muka tulak nganggè kodeu ditambih notifikasi raray. Cetrèk!. Panto payun muka. Mapah rusuh muru ka pengker, tangtos scan barkod deui supados tiasa muka panto tur jandèla.

Gebeg!! Hookeun ningal buruan pengker utamina dina tangkal nu halughug ngajul kalangit. Tingborèlak konèng umyang, enyut mèh dina unggal dahan tur daun. Ngawitanna mah katingal mung hiji, ari pèk tèh rèrèncanganna ratusan. Buluna ngagebay cèlak marahmay, hileud konèng baranahan.

Teu seueur saur, tangkal dituar hileudna nyinglar. Hampura nya, da geuning janten rarenyem. Hileud unggeuk carinakdak.

CSR & jejak digital.

Jejak digital yang penuh kenangan.

SINGAPARNA, akwnulis.com. Berawal dari perbincangan santai dalam sebuah acara dinas yang dilaksanakan secara berangkai, tentu diselingi senyum dan tawa yang terkadang terbahak karena sebuah sebab. Diskusi tak resmi beradu diksi, kembali pecah tawa tanpa perlu sensasi. Indahnya kebersamaan yang dihadirkan karena sebuah undangan plat merah yang telah dibagikan.

Nah pembahasan yang strategis adalah terkait tentang CSR, sebuah istilah tentang kepedulian sosial atau tanggungjawab sosial dan lingkungan dari perusahaan dan pihak – pihak perseroan. Sehingga bisa menjadi salah satu sumber keuangan yang mendukung proses pembangunan. Masih banyak sumber – sumber keuangan itu selain CSR, kata Pak RK mah ada APBN, APBD provinsi, APBD Kabupaten / Kota, Dana Umat, Pinjaman daerah, Obligasi  dan KPBU (kerjasama pemerintah dan badan usaha).

Pas bicara CSR, ingatan pribadi langsung berlari menggali memori yang tertuang pada tulisan singkatku di masa lalu. Tentu dengan judul yang sama, CSR. Maka menarilah kedua jempol ini di keyboard virtual smartphone melalui mbah google dengan keywordnya : andriekw, csr.

Tulisanku 11 Jan 2014 / Capture.

Tring…. langsung hadir sebuah link blog gratisanku di masa lalu. Tepatnya 11 Januari 2014 atau … wow 9 tahun lalu. Ternyata jejak digital masih tertera meskipun waktu sudah Menggerus begitu lama. Tanpa banyak basa basi langsung di capture dan disave serta tentu diabadikan pada postingan kali ini.

Tulisan singkat ini berbahasa sunda dengan genre cerita fiksi sangat singkat, tepatnya dibatasi maksimal 150 kata saja. Tetapi sudah memiliki tema dan cerita utuh dengan pesan yang jelas. Bercerita tentang semangat seorang wanita pengusaha yang merasa usahanya sudah balik modal dan tentunya berniat untuk memberikan sebuah tanggungjawab sosial kepada pihak lain dengan pelayanan yang sama namun tanpa biaya, karena ini Ce-es-ar.

Selain dicapture juga ditulis ulang cerita fiksi singkat itu, sebagai berikut :

***

FIKMIN # CSR #

Tengah peuting di péngkolan nu rada suni kaciri hiji wanoja rancunit maké mantel bulu ngadeukeutan bapa-bapa jeung nonoman nu keur ngariung. “Punten bilih aya nu badé ngersakeun, mangga haratis”,

Èta wanoja bari mukakeun mantel buluna. “Astagfirullohal adzim, nanaonan ieu téh?”, Abah Sarmad ngarénjag bari melong. Jang Ibro jeung Cép Duléx ogé mencrong teu kiceup-kiceup. Mang Bahro tungkul bari kunyam-kunyem babacaan.

Badé moal?”, wanoja rancunit naros deui kanu karempel. Hookeun. Keur ting haruleng, katingali dua urang Satpol PP muru ka éta patempatan. Wanoja rikat nutupkeun deui mantel buluna, ngan teu tiasa lumpat da kabujeng dicerek.

Di pos keamanan wanoja téh ditalék, “Anjeun ngalanggar Perda Asusila, wayahna kudu dihukum.”

“Teu rumaos ngalanggar abdi mah pa, da tadi mah sanés icalan. Diharatiskeun malih mah”, eta wanoja ngabéla diri.

Naha bisa kitu?”,

“Muhun abdi téh kaleresan dinten ieu icalan téh mucekil, malih mah batina ageung. Tah nu nembé nawisan haratis téh dina raraga CSR”.

***

Catatan : Jika masih tidak mengerti bisa ditanyakan di kolom komentar atau japri saja kepada penulis di jalur biasa, atau DM di Akun Instagram @andriekw

Demikianlah cerita tentang CSR yang telah penulis tuangkan menjadi rangkaian kalimat pada sembilan tahun lalu. Terima kasih dunia digital yang telah menyimpan catatan ini tanpa banyak komentar. Selamat sore, Happy weekend Guys, Wassalam. (AKW).

BEGÈR – fbs

Yuk ah nulis lagi…

CIMAHI, akwnulis.com. Sebuah ide terkadang tidak sejalan dengan kesenggangan waktu. Tapi sebuah ide yang hadir lalu diolah menjadi rangkaian kata maka akan hadir sebuah cerita. Meskipun singkat tapi ada maknanya, juga bagi pembaca tidak perlu meluangkan waktu lama, cukup 5 tarikan nafas saja. Dengan catatan yang memahami bahasa sunda, kalau yang masih roaming ya bisa bernafas sepuasnya hehehe.

Ide ini mengambil tema masa sekolah smp di kampung halaman disaat pertama kali melihat guru olahraga yang baru dan berpakaian olahraga yang serba pas. Maka reaksi anak ingusan menjadi beragam. Inilah salah satunya. Selamat menikmati.

FIKMIN # BEGÈR #

Adma olohok basa ningali guru anyar karèk turun tina avanza, aya burinyay nu teu biasa. Jajangungna ratug teu puguh rasa, dibarung ku panasaran hayang ningali deui ningali deui. Bu Susana leumpang andalemi muru rohang guru, dituturkeun ku panon Adma nu hèsè ngiceup deui.

Adma di kelas gulinggasahan, meus meus ningali kaluar jandèla, jiga nu jauh panineungan. Guru nerangkeun ukur pajangan, sabab lelembutanna aya diluar jeung guru olahraga nu anyar.

Sanès bolèkak nu matak eureun rènghap, tapi bulu bitis nu jadi inggis. Ngagurilap nyaangan soca, masihan rasa nu teu biasa. Kitu peta basa Rahwana teu dihaja ningali bitis Dewi Sinta. Ogè Maharajasa waktos ngawitan micinta Kèn dèdès dina carita babad tanah jawa.

Geus tong loba malaweung, èta susut heula lèho‘, Oji babaturan sabangku ngabèjaan. Teu dijawab tapi leungeun langsung nyusut irung, enya geuning loba meunangna.

Di lapang hareupeun kelas, Bu Susana kaciri sumanget ngalatih barudak kelas salapan. Meuni geulis kacida. (AKW).

***

TOS KOLOT – fbs

Hiji carita basa harita

BANDUNG, akwnulis.com. Pagi menjelang dan mentari bergerak memberi terang. Sebuah ide menulis hadir di kepala dan tak perlu banyak pertimbangan, segera eksekusi dengan jari dan dirapihkan oleh mata. Itulah berkah pemberian Illahi yang harus kita syukuri.

Tulisannya bisa apa saja, namun sebuah tema besar perlu tetap dijaga. Maka blog ini dijaga konsistensinya dalam 2 koridor besar tema yaitu Ngopay dan Ngojay serta tema kedua adalah tulisan singkat fiksi berbahasa sunda.

Selamat pagi kawan, dan inilah tulisannya. Cekidot.

***

TOS KOLOT

Soca neuteup bari ngagerentes, “Duh gusti, èta damis meuni leucir, pangambung bangir ogè lambey pikabitaeun, soca langkung cureuleuk tur matak iuh kana manah”

Nu diteuteup mah anteng wè nyarios perkawis padamelan ogè murangkalihna nu tos ngawitan lebet ka paguron luhur tIna hasil ngiring selèksi nu saujratna. Teu hilap karier carogèna nu seueur cocobi tapi tiasa ngigelan dugika junun janten pupuhu. Cèrèwèdna teu robih.

Kang!”

Gebeg tèh, “Muhun” ngawaler bari rada ngarènjag.

Kunaon sapertos nu malaweung?, ulah seueur èmutan atuh. Da padamelan mah moal aya rèngsèna.”

Teu aya nanaon nèng, kalèrèsan aya nu hilap di kantor” diwaler bari rada tungkul.

Ngawangkong deui ngalèr ngidul dugika teu karaos acara parantos lekasan.

Ayeuna mah urang tèh tos karolot, teu kedah ngèmutan nu tos kalangkung. Urang ngarawat kulawargi sèwang-sèwangan, ngatik murangkalih supados janten solèh sholèhah.”

Amiin.”

Hiji kalimah nu mungkas carita, padahal dada ngaguruh teu puguh rasa.

***

Itulah jalinan kata bahasa sunda kali ini. Tidak perlu dipikirkan, tapi nikmati saja susunan kata dan hamburan makna yang bisa menghasilkan persepsi berbeda.

Kalau masih roaming karena ini bahasa sunda, tulis di kolom komentar atau japri saja sama saya hehehe. Terima kasih, Wassalam (AKW).

DITAROS – fbs

Kitu geuning…

Teu karasa nincak peuting katilu, sarè di imah dines dunungan, Juragan Camat Legok Eurih. Alhamdulillah sarè tibra teu kaburu ngimpi – ngimpi acan.

Padahal basa ngadeuheus rèk makè imah dines tèh, Juragan Camat rada ngahuleng.
Nyaan rèk mondok didinya Jang?”
“Sumuhun Bapa”

Uing amit mundur, tuluy mènta tulung ka polpp nu aya di kantor, keur ngabèrèsan imah dines. Mang Idi jeung Kang Sahri papelong-pelong, “Hayu Ang, tapi èta imah tèh geus 10 taun kosong”

Uing teu loba carita, buka panto uluk salam. Kaciri teu kaurus. Tèhel lukutan, ogè di juru balocor. Aya 3 kamar, ngan kamar hareup nu meueusan. Ngangkut mèja rapat wè 2 siki keur risbangna tambah kasur busa diluhurna, jadi kamar bujangan.

Peuting kaopat, jam sabelas karèk anjog ka imah dines rèngsè patroli. Kulutrak muka panto, teu poho uluk salam, “Assalamualaikum!!”
Simpè.

Pas ngaliwat ka ruang tèngah aya sora, “Nembè uih a?”
Sumuhun” Uing ngajawab bari olohok. Geuning aya. (AKW).

PARASÈA

Geuning kitu.. Èong

LIANG MÈONG, akwnulis.com.Méooooong… ngéooooong, méééééong.. whaaaaong” sora ucing paséa patémbalan, rungseb kana ceuli, ngagéréan teu katahan.  Méré lolongkrang kana jajantung sina ratug, neken angen dongkap amarah. Rék peureum pasosoré balik capé digawé, diganggu ku ucing gétréng nu parebut pamor dina suhunan bari disada teu eureun-eureun.

Mééééooong, grrrrmmm…. méooong” Ucing bikang beuki séah, masang kuda-kuda. Bulu narangtung ceulina rancung, panon melong bangun nu ngitung. Ucing jalu nu bulu hiris mah uang éong bari nyérépét muru ka bikang, ari nu hideung meles mah camperego, panon gular giler.

Amarah geus ngabudah, raga teu tahan, jiwa baruntak. Ucup ngajleng tina dipan, najong panto hareup, langsung luncat kana suhunan. Taki-taki bari nyanggéréng, huntu ranggéténg sihung ngajentul, langsung babaung.

Auuuuuuuuuuu….”

Ucing nu keur paséa jep jempling, papelong-pelong, tuluy narangtung maké dua suku.  Pacantél, tuluy indit lalaunan ninggalkeun uing bari pakaléng-kaléng. Kadéngé samar-samar nu bikang disada, “Hayu urang ngalih amengna akang-akang, di dieu mah paur, aya anjing ageung.” Cag. (AKW).

TEU BATAL – fbs

Asa teu pira tapi nyata.

Gambar : Ilustrasi, Mushola kecil di Los Cilanang / dokang.

BANDUNG, akwnulis.com. Tulisan rutin, minimal seminggu sekali. Tulisan singkat mengarang bebas dalam bahasa sunda dengan batas maksimal 150 kata sudah membangun sebuah cerita.

Yuk ah kita buat, sambil belajar bahasa ibu sekaligus menjadi setetes semangat untuk menyegarkan pelestarian bahasa sunda.

Silahkan….

Fikmin # TEU BATAL #

Solat magrib nincak rokaat kadua, meuni halimpu surat Tabarok dilagukeun bayati. Jadi asa keur di Mekah diimaman Imam Syudais.

‘Brottt!’ Hitut badag ngagareuwahkeun, leungit saharita kaayaan di Mekah diganti ku tajug leutik rada nyanggèyèng di sisi sungapan Sindangsari.

Nyel ambek, ningali nu boga laku mah anteng wè nuluykeun solat. Ngadon sujud, atahiyat awal tuluy nangtung deui rokaat ahir. “Tungguan siah geus solat” galècok hatè ngaruksak pahala.

Salam pamungkas geus bèrès, budak tèh tuluy ngadu’a. Pas beres ‘amin’, teu antaparah deui, didudut ka tukang.

Silaing kadieu, aya balitungan yeuh”
Budak sepa reuwas taya papadana. Nuturkeun bari murungkut.

Silaing apal bagbagan agama?”
Budak tèh tungkul, teu lemek teu nyarèk.

Apal teu mun hitut keur solat, èta hukumna batal?” Sora beuki narikan.

Budak nu keur tungkul lalaunan tanggah, bari tatag ngajawab, “Uing mah teu rumasa batal, da tadi teu wudhu”

***

Terima kasih atas atensi dan kebersamaannya. Jikalau tidak mengerti artinya, silahkan ngacung.. eh acungkan tangan. Wassalam (AKW).

TEPANG DINA LIFT – fbs

Sebuah cerita, singkat tapi mungkin bermakna. berbahasa sunda.

CIMAHI, akwnulis.com. Selamat pagi semua, ini saatnya menulis kembali sebuah cerita fiksimini singkat berbahasa sunda. Tentu hanya fiksi alias rekaan tapi mungkin saja terjadi.

Selamat membaca…

***

Fikmin # TEPANG DINA LIFT #

Lebet kana lift di hotel ……….Jakarta, karaos lalega tur modèrn. Pas badè nutup pantona, aya nu ngiringan ogè. Hiji wanoja rancunit nganggè span rok pondok nyolèndang tas.

Kulem didieu aa?” Pertarosan nu matak ngarènjag.

Sumuhun, dupi Ètèh ogè sami?” Nyobi ngawaler sanaos rada geumpeur, kumargi ieu pangalaman munggaran ameungan ka jakarta. Pèdah wè bapak Bupati nyuhunkeun disarengan.

“Henteu aa, simkuring kaleresan nuju aya padamelan”

Ohh sumuhun”

Bilih engkin badè kontak, tabuh 8 wengi mah rinèh”, saur èta wanoja bari ngasongkeun kartu namina. Uing rikat nampi, bagja.

Saatos bèbèrès bahan sambutan, lungsur ka lobby nepangan Bapak Bupati. Katingal nuju ngaleueut kopi di cafe hotèl.

Langsung laporan padamelan ditambih perkawis tètèh geulis dina lift tadi. Teu hilap kartu namina didugikeun ka bapak bupati.

Bupati muncereng bari ngadegungkeun tarang, “Kuper sia mah ajudan tèh, nu kitu tèh Ungkluk!!”

Uing tungkul, reuwas tur èra. Untung teu acan dikontak kanggè manjangkeun silaturahmi.

***

Terima kasih, nantikan penjelasan lebih lengkap dalam bahasa indonesia di channel youtube  : @andrie kw dengan keyword : fbs, fikmin,fiksimini. Wassalam (AKW).

NGÈCÈNG – fbs

Konsèntrasi tur tarapti.

BANDUNG, akwnulis.com. Sabot keur solat tarawèh, uteuk mah geus ngacacang, mikiran kumaha carana peuting ieu bisa nyeungeut petasan nu bisa ngabelesat muru jelema nu ngaliwat ka deukeut tangkal kiara badag.

“Assalamualaikum… ” Sora imam salam ka katuhu dina rokaat ka 20. Langkung ngusap beungeut, ngolèsèd kaluar masjid. Keun witir mah di imah, ieu sirah loba rencana.

Leumpang gancang bari mawa genep siki petasan beubeuritan. Nu bisa ngabelesur sabada dihurungkeun sumbu acirna, meulah lembur muru ka tangkal kiara.

Geus merenah dina rungkun deukeut tangkal kiara nu gedè, tinggal nungguan nu marulang solat witir ti masjid. Lolobana bakal ngaliwat ka dinya.

Pas ngaringkang aya tiluan diharudum sarung, langsung ngècèng, petasan di paskeun. Cekes!… Sruttttt….. petasan ngabelesur… lempeng sakumaha itungan, blus pisan kana sarung.

Darrr!!… sarung hurung, tiluan reuwas saharita. Saurang leuleus kapaèhan, nu duaan tigujubar ka balong.

Misi 1 kumplit, catet dina buku leutik. Ngalèos. (AKW).

***

Fbs : fiksimini basa sunda, sebuah tulisan fiksi berbahasa sunda dengan jumlah maksimal 150 kata, sudah membangun sebuah cerita.