TEU SARUA – fbs

Kotrètan basa sunda dina bulan ramadhan 1445 H

FIKMIN # TEU SARUA #

Teu karasa bulan puasa geus nincak poè ka tilu belas. Asa cikènèh aduregeng urusan hilal, iraha rèk mimiti puasa. Tatangga sabeulah keukeuh poè senèn, tatangga nu di tonggoh yakin pisan mimiti poè salasa. Duanana mamawa toropong toong nu ceunah canggih jeung marahal.

Uing mah rumasa teu boga kamampuh keur meuli alat noongna, tapi ngilu pusing da ngadèngèkeun èta tatangga parèa-rèa omong.  Sabab ceunah ceuk panoongan sèwang-sèwangan teu sarua. Tungtungna diajar rada badeg wè. Geus ah antepkeun, kalieur-lieur. Pan aya pamarèntah nu boga kawasa pikeun mastikeun iraha mimitina.

Pas balik tarawèh, kareungeu nu keur guntreng gigireun masigit.

“Ji, tong bèda waè atuh, geus ayeuna mah urang sarua wè nangtukeun poè lebaran”

“Teu bisa Mang, ieu geus yakin. Toropongna gè pangmahalna, moal aya nu boga deui di kampung ieu”

Uing ngahuleng, duanana keukeuh peuteukeuh. Antukna ger pasèa, bukbek tukeuran peureup.

Barudak nu rèk perang sarung areureun, olohok ningali kolotna keur tanding. (AKW)

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

One thought on “TEU SARUA – fbs”

  1. Hadeuh…eta nu pakeukeuh keukeuh….aya kukituna….untung wee…ngan saukur dongeng .hehehe…ayeuna puasa teh tos majeng satengah bulan…tos ngagaleuh acuk bedug ?

    Like

Leave a comment