100 Kali – fbs*)

Push up rutin tangtos tiasa.

Photo : ranjang hotel – ilustrasi / dokpri.

*)fbs : fiksimini basa sunda : genre karangan cerita fiksi singkat berbahasa sunda dengan maksimal penulisan 150 kata, sudah merupakan satu jalinan cerita utuh dan diusahakan memberi kejutan / rénjagan di akhir cerita.

*** 100Kali ***

Jang Burhan panggih jeung Jaelani di pos ronda. Uplek nyarita bari biwir mah teu eureun ngenyotan pahpir dieusi bako molé.

“Asa ngabadagan deui mang awak téh?”

“Enya kitu?” Burhan ngajawab bari ningali beuteungna sorangan. Kaciri bungah, kembung di tengah.

“Lain silaing tara poho olahraga, push up téa geuning nu 100 kali sapoé”

Bari nyéréngéh, Burhan ngajawab, “Masih mang. Unggal poé 100 kali. Ngan tisaprak kawin jeung Imas, ukur kuat 5 atawa 10 kali push up sapoé”

Jaelani kerung, “Naha bisa kitu? Dihulag ku jikan?”

Burhan nuluykeun carita, “Jikan mah ngadukung da keur kaséhatan, ngan saeutik bédana.

“Naon tah?”

“Nyaéta mang, karék gé 10 kali push up, jikan nyalukan, tos push upna ulah dihandap kang, hayu teraskeun didieu”

“Teu bisa manggapulia, pindah push upna kana luhur kasur”

“Ah silaing mah, dasar beukian.”

Duanana seuseurian, ngaronda jadi hégar. Cag. (AKW).

Bulan Madu – fbs

Maksadna mah hoyong ngabagjakeun Jikan.

Photo : Parahu di talaga sampireun (mung ilustrasi) / dokpri.

GARUT, akwnulis.com. Ba’da magrib, pagawé hotél nyampeur. Jang Yana jeung jikan dianteur kaluar kamar, mapay lobby hotel, bras kaluar muru tétécéan, kaciri dihandap aya paparahuan tina rakit caraang ku lampu jeung lilin.

“Akang, meuni répot-répot kieu, isin ah”

“Teu kedah isin geulis, ieu téh kanyaah Akang, ayeuna urang parantos sah laki rabi, hayu!”

Tuang wengi di tengah talaga, calik paduduaan dina korsi luhureun rakit, mayunan rupi-rupi tuangeun, romantis.

Karék gé saséndok ngahuapkeun kaviar jeung tiram gold, karasa ngurel, beungeut pias. Kitu ogé Nyi Ratna, biwirna mimiti bareuh tuluy karasa ateul saawak-awak, teu pira ngadahar roti selé kacang, geuning alergi.

Duaan pakupis, Nyi Ratna gégétrét, Jang Yana borolo utah. Reungit jeung bangbung napuk da kapancing caangna lilin di tengah talaga.

Pagawé hotél nu nempokeun ti darmaga, rikat nulungan. Nyusul ka tengah talaga jeung babaturanna.

Peuting harita dibawa ka rumah sakit. Geuning kieu hasil tina diner romantis bulan madu téh. Moal poho saumur-umur. (AKW)

***

*)fbs : fiksimini basa sunda, sebuah genre tulisan fiksi singkat dengan maksimal 150 kata menggunakan bahasa sunda.

Tulisan ini hanya fiksi, photo yang disajikan sebagai ilustrasi saja.

Sono Gogog – fbs*)

Carita basa harita.

PUNCAK, akwnulis.com. Nincak minggu katilu, kasono jeung hayang paamprok jonghok beuki pabeulit dina uteuk, teu kiat. Panon anu cureuleuk, awal sampulur bari rok beureum pungsat, matak teu bisa ngarénghap. Pinareup nyeungseung kitu ogé parabot calik.

Hanjakal loba pisan nu harayangeun ogé, sabab anjeun béréhan tur tara itungan. Langki nyebat rupiah tapi tetep soméah. Mung biasa, diahirna mah ditutup ku étangan dollar singapur.

Teu burung aya takdir kudu panggih deui, sabab kabeneran kudu tugas ka beulah dinya. Saged bébérés haté bungah, beungeut marahmay teu matak wegah.

“Bapak sing salamet tugas di luar kotana” jikan peupeujeuh. “Sumuhun Mah”

Anjog ka tempat tugas, Si manéhna geus aya. Camperego bari ngelél. Teu loba carita, dolar singapur dikeupeul. Wel kana sungutna. Belewek, séréngéh. Huntu ranggéténgna salin jinis jadi lambey anu geulis.

Duaan pakaléng-kaleng, bujur ngageboy, ngagogog piligenti moro peuting nu rungsing. (AKW).

***

*) fbs : fiksimini basa sunda, sebuah genre penulisan cerita fiksi berbahasa sunda dengan maksimal penulisan 150 kata. Cerita sangat singkat tetapi memiliki satu cerita utuh.

Mamah Dongeng – fbs

Carita Si Bungsu diajar bacéo.

Photo : Ucing nuju nguliat / doklang.

GEMPOL, akwnulis.com, Pasosonten ngobrol sareng jikan, sono upami tos sadidinten ngaroris baringabérak kebon kopi di mumunggang Gunung Pangrango. Torojol Si Bungsu, tétélendénan. Langsung disanggap, dipangku. Murangkalih téh gumujeng, lucu pisan.

“Mamah dongéng” Si Bungsu nyarios, duaan papelong-pelong, reuwas. Si Bungsu nembé yuswa 2 taun tos tiasa nyarios béntés, hoyong didongengan.

“Hoyong dongéng naon geulis?”

Ngawalerna téh, “Mamah dongéng”

“Muhun, dongéng naon?”
Si Bungsu ngadon ngabeureuketeuk, ngécagkeun diri teras lumpat kaluar pangkéng muru ka ninina, bari ngagorowok, “Mamahh dongééng!”

***

Laju peuting bari gogoléran sateuacan kulem, Si Bungsu sok capétang nyarios sagala kecap sanaos apal cangkem.

“Mamah dongéng” bari nangkeup indungna.

“Saur saha mamah dongeng téh?” Kuring panasaran.

“Euuh… saurr… saur abah ka ema, upami tengah wéngi pas nuju poék”

“Ooooh…..”

Kuring sareng jikan papelong-pelong, nyéréngéh. (AKW).

*)fbs : fiksimini basa sunda : genre penulisan cerita fiksi singkat berbahasa sunda, maksimal 150 kata sudah membangun 1 cerita.

Kecap Pamungkas – fbs

Ukur saucap tapi matak natrat.

Photo : Mangga dileueut / dokpri.

*)fbs : fiksimini basa sunda

BANDUNG, akwnulis.com, “Wassalamualaikum…!” mungkas obrolan kalawan teteg. Jempling saharita. Tapi geuning diantosan téh sanés waleran nu aya, kalahka inghak kamelang ngarumpaka dina mangsa nu sakedahna bagja.

Haté mah ngaleketey, tapi baham jeung sora kudu sembada. Kuat nanjeurkeun prinsip sanajan kudu mereketkeun diri nguatkeun rumasa nu pasiksak teu puguh rupa.

“Loba kénéh Nyai, kalimah surga nu aya dina baham ieu, tapi dalah dikumaha, sanajan ngabudah sajuta kecap, ngabayabah di alam mayapada, tungtungna urang tos apal badé kamana” gerentes haté ngabeberah.

“Sumuhun Akang, Nyai ngartos kana kecap pamit Akang. Tos teu kedah seueur saur, geura jugjug pangharepan, ulah nolih ka Nyai nu ukur jadi gémbolan kahariwang”

“Euleuh geuning!!, Nyai tiasa terang gerentes haté Akang?” Adang ngarénjag bari melong raray Nyi Jumsih.

“Ah Si Akang mah, matakna ari ngagerentes téh dina haté, ulah dina status pésbuk” Nyi Jumsih ngawaler bari imut kanjut.

Adang tungkul, tuluy ngabalangkeun hapé. (AKW).

PUNDUNG – fbs*)

Ulah pundungan atuh lurrr….

PASUPATI, akwnulis.com, Saguncluk Méga nempokeun guligah rasa, dibarung hiliwirna Angin isuk-isuk nu mawa béja. Teu pira ukur hiji kalimah, “Mata poé keur pundung, moal waka nyaangan dunya”

“Nu jadi kahariwang, lain aya jeung euweuhna matapoé, tapi nepi ka iraha?” Méga nanya bari dareuda. Angin tungkul ngaheruk.

Nyedek ka beurang, matapoé geuning pengkuh kana pundungna, nyumput di kontrakan ditalimbeng kampuh urut. Dunya poék mongkléng, sakabéh mahluk baringung. Manusa, sawaréh ngadu’a, sésana pésta foya-foya, ceunah ieu ahir hirup di dunya.

Méga jeung Angin satékah polah ngolo Matapoé, tapi mugen teu bisa diajak badami.

“Sia mah égois, tuh ilo, dunya jadi bancang pakewuh, mikir atuh Silaing téh” Mega geus bèak kasabaran, Angin ngilu muncereng.

“Hampura Lur, Uing mah nyumput téh lain egois tapi keur pundung ka manusa”

“Baruk pundung kunaon?” Angin jeung Méga nanya.

“Rék teu pundung kumaha, Uing téh matapoé nu ngawulaan sadunya, ayeuna geuning euweuh pangajén ti sakabéh manusa, kalahka jadi ngaran kadaharan bari disandingkeun jeung sato sapi, nyeri haté Uing mah”

Méga jeung Angin papelong-pelong, tuluy nyéréngéh bari ngimeutan kamar kontrakan nu pinuh ku gambar ‘endog mata sapi.’ (AKW).

Papaés Hirup – fbs

Sumerah rasa bari nyidem rusiah nyata.

fbs*) : fiksimini basa sunda, tulisan fiksi nu paling loba 150 kecap, geus jadi hiji wangun carita.

PURWAKARTA, akwnulis.com, “Jang, wayahna. Kudu nurut, tong loba tatanya!!” Juragan Abdul tatag sasauran. Uju unggeuk bari tungkul. Gigireun kaciri Uwa Lebé beungeutna pias, ogé aya Nyi Sunarti nu keur bureuyeung bulan alaeun, nginghak.

Hiji fragmén hirup nu teu bisa dipopohokeun. Atra tur jéntré, kakawasaan boga andil nangtukeun nasib jelema cacak kuricakan nu teu walakaya.

“Abah teu kénging ngalamun waé, Umar janten sedih” dumareuda sora budak nu geus manjing sawawa, mun seug ningali Uju nu keur ngaheneng hareupeun makam. Lain ku sedih kaleungitan jikan, tapi nahan guligah rasa, nyidem rusiah salila hirup di dunya.

“Hampura Abah, hayu urang du’akeun Ema hidep, bagja di alam kalanggengan” Uju ngajak anakna, mendeko nyanghareup makam Nyi Sunarti, nu maragat nyawa basa ngaborojolkeun Umar.

“Allohummagfirlaha……” geter du’a disampeur seungit samoja. Cinitnit ngelik mapaésan rasa nu nyata. Katumbiri geusan ngajadi, silih élég jeung layung nu geus lila teu ngariung, nguyung. (AKW).