Fbs (Fiksimini Bahasa Sunda) adalah Sebuah karangan fiksi pendek maksimal 150 kata berbahasa sunda.
PLÈN BÈ
Teu seueur saur nalika Haji Ukan muragkeun putusan, ulah gaduh kahoyong nu diluar kamampuhna. Ditolak sapagojodan niat saè hoyong mihukum Nèng Anis nu janten murangkalih istri pang ageungna.
Hatè gudawang, teu aya kecap tur kalimah nu tiasa ngawakilan pegatna rasa tur runtuhna silaturahmi nu tos dipupuk ku duaan. Kitu deui paroman tuang rama, geuneuk nahan rasa tapi dalah dikumaha, kedah aya nu ngèlèhan. Pun biang tungkul bari rambisak.
“Mangga Pak Haji, Simkuring sakulawargi amit mundur, hapunten parantos ngawagel waktosna”
“Nya mangga”
Dina panther rèntalan, pun bapa bendu, “Si Sarjang mah teu puguh, ngadon ngajak kanu teu eucreug, èra bengeut Jang!”
Uing tungkul teu seueur saur, rumaos parantos nguciwakeun nu janten sepuh.
Tring! aya pesen whatsapps. Langsung ngagorowok ka supir, “Mang Juma, ka katuhu ka Kampung Manglid”
Pun biang curinghak, tuang rama muncereng, “Lain rèk balik, kamana deui ieu tèh?”
“Nembè Nèng Nisa nga-WA, diantos ku ibu ramana ayeuna”
***
Hadeuh…Ku aNIS ditolak ngarep NISa..pami NISa nolak oge kantun ka saRI pami ditolak oge deui kantun ka RIni…pami ditolak oge NIng BOBO..keur..keur…!!!
LikeLike
Dasar …anak teu uyahan….. calon mitogag nu di pentingkeun….
LikeLiked by 1 person
Kumaha deui pih….
LikeLike
Riweuh
LikeLike
Tah…sae-sae memang kedah kagungan cadangan tong acuk wae cadangan teh….😃😂🙊
LikeLiked by 1 person
Strategi perencanaan kedah mateng, margi revisi perencanaan mung 1x dina sataun… 😄😄😃
LikeLike