Tulisan singkat cerita fiksi berbahasa sunda : FBS, fiksimini basa sunda.
CIMOHAY, akwnulis.com. Katunduh geus salaput hulu, tinggal sareup reupeun. Tapi geuning budak mah kalah ka beuki cènghar, tengah peuting ngajak ulin. Geus diolo nyoo hapè kalahka ngagèlèhè, dicombo ku nongton pilem dina tivi kalahka beuki capètang bari noèlan pipi.
Hayang nyentak ngan paur sieun jadi matak, rèk diciwit bisi ngajerit. Komo dibekem mah, pimanaeun kolotna ngamuk, Uing diusir teu meunang dumuk.
Satèkah polah mikir meureut uteuk, susuganan aya ilapat mèh budak tèh tunduh tuluy sarè sakumaha ilaharna.
Jos!, bujur di tojos ku rokrak. Uing ngagurubug, budak badeur lumpat bari ngabarakatak.
Kasabaran bèak, langsung budak leutik tèh diudag. Gep leungeunna beunang, dirawèl awakna. Ngagedeblug duaan dina sisi panto dapur. Gogoakan.
Tonggèngkeun bujur nu tadi ditojos rokrak, beuteung sayaga langsung nambah tanaga, Bruuutt!!.. meuni pas pisan kana beungeutna.
Dadak sakala budak tèh bageur, nurut jeung jigrah. Teu loba pamènta tapi jadi singer jeung bageur. Tuluy ngolèsèd ka pangkèng, tunduh ceunah. Alhamdulillah. (AKW).
Mengandung Bahan peledek eta mah kang
LikeLike
😁😁😁resep nya pak msh ada hereyeuneun setiap hari di rumah ngabrangbrangkeun pikiran…
Hiburan sekaligus membimbing murangkalih…
Bapak yang hebat..👍👍👍
LikeLike
KDRT scr maya, sanes virtual margi ku gas bobos…
LikeLiked by 1 person
Hehehehehe….. sesah dibuktikan pak, tapi dampaknya nyata.
LikeLike
Duhhh nebg Binar…😊
LikeLiked by 1 person
Hehehe… fiksi inih mah bu. 😃😄😁
LikeLike
“Budak”… Balad ocon , ubar baeud..ubar ti’iseun..bagja anjeun nu masih reujeung sa imah jeung ” barudak”.. mun euweuh budak di imah.. loba baeud… maklum ” ambu” ts sensi…
LikeLike