TEST SWAB – fbs

Ngiringan ah, tapii…

Photo : Ilustrasi Swab test / dokpri.

*)Sebuah tulisan fiksi super singkat berbahasa sunda, terinspirasi dari kegiatan tes SWAB yang dilakukan senin lalu.

BANDUNG, akwnulis.com. Ti peuting mula geus hemar hemir, sarè gulinggasahan. Teu puguh nu dirasa. Uteuk cus cos pinuh kahariwang. Jaba huntu nyanyautan.

Nepi ka tempat gawè geus ngagimbung loba jelema, babaturan sakantor nu keur maroyan bari nungguan panggilan keur di pariksa SWAB babarengan. Pikeun mastikeun positif henteuna kajangkit ku panyakit ahèng, korona.

Asup ka rohangan pamariksaan, beuki gegebegan. Huntu nyanyautan, hatè sèsèrèdètan. Teu loba ngeusi formulir da daftarna onlèn, sekèn barkod, asup wèh.

Diuk dina korsi, sirah ngadangheuak. Liang irung beulah katuhu dirojok nepi kana puhuna, gètèk asa digèrèan. Pilèhoeun meunang ngarojok tèh diasupkeun kana tabung leutik.

Geus kitu petugas ngadeukeutan. Muka masker uing bari nitènan jero baham. “Kang, anjeun positip….”

Gebeg tèh asa dibentar gelap. “Nyaanan Pak?” Uing nanya bari carinakdak.

Leres Kang, tapi ulah ceurik da lain positip korona, tapi positip koropok”

Saharita nyanyautan leungit, rarasaan hègar. Dunya caang baranang, Alhamdulillah. Nuhun. Cag. (AKW).