Bulan Madu – fbs

Maksadna mah hoyong ngabagjakeun Jikan.

Photo : Parahu di talaga sampireun (mung ilustrasi) / dokpri.

GARUT, akwnulis.com. Ba’da magrib, pagawé hotél nyampeur. Jang Yana jeung jikan dianteur kaluar kamar, mapay lobby hotel, bras kaluar muru tétécéan, kaciri dihandap aya paparahuan tina rakit caraang ku lampu jeung lilin.

“Akang, meuni répot-répot kieu, isin ah”

“Teu kedah isin geulis, ieu téh kanyaah Akang, ayeuna urang parantos sah laki rabi, hayu!”

Tuang wengi di tengah talaga, calik paduduaan dina korsi luhureun rakit, mayunan rupi-rupi tuangeun, romantis.

Karék gé saséndok ngahuapkeun kaviar jeung tiram gold, karasa ngurel, beungeut pias. Kitu ogé Nyi Ratna, biwirna mimiti bareuh tuluy karasa ateul saawak-awak, teu pira ngadahar roti selé kacang, geuning alergi.

Duaan pakupis, Nyi Ratna gégétrét, Jang Yana borolo utah. Reungit jeung bangbung napuk da kapancing caangna lilin di tengah talaga.

Pagawé hotél nu nempokeun ti darmaga, rikat nulungan. Nyusul ka tengah talaga jeung babaturanna.

Peuting harita dibawa ka rumah sakit. Geuning kieu hasil tina diner romantis bulan madu téh. Moal poho saumur-umur. (AKW)

***

*)fbs : fiksimini basa sunda, sebuah genre tulisan fiksi singkat dengan maksimal 150 kata menggunakan bahasa sunda.

Tulisan ini hanya fiksi, photo yang disajikan sebagai ilustrasi saja.

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

5 thoughts on “Bulan Madu – fbs”

  1. ” Teu kedah isin geulis, ieu téh kanyaah Akang, ayeuna urang parantos sah laki rabi, hayu “… Sa papait sa amis… ngalayaran sagara kahirupan, nu tangtu leuwih hade mun dua’an tinimbang nyorangan …. Mugia …

    Like

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: