Kembang Buruan

Binar, anaking jimat awaking.

Wanci haneut moyan
Ayshaluna ulin di buruan
Dangdak déngdék daun dititénan
Bari teu weléh imut bari nyepeng dahan

Teu aya kasieun
Bisi hileud atawa sireum
Istuning anteng bari teu tiasa balem
Norowéco pepeta jiga nuju syuting pilem

Hatur nuhun Ya Allah Maha Agung
Dititipan murangkalih nu pinuh barokah
Mugi salawasna séhat sholéhah
Nyandak bagja nu pinuh berkah. (AKW).

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

Leave a comment