Kecap Pamungkas – fbs

Ukur saucap tapi matak natrat.

Photo : Mangga dileueut / dokpri.

*)fbs : fiksimini basa sunda

BANDUNG, akwnulis.com, “Wassalamualaikum…!” mungkas obrolan kalawan teteg. Jempling saharita. Tapi geuning diantosan téh sanés waleran nu aya, kalahka inghak kamelang ngarumpaka dina mangsa nu sakedahna bagja.

Haté mah ngaleketey, tapi baham jeung sora kudu sembada. Kuat nanjeurkeun prinsip sanajan kudu mereketkeun diri nguatkeun rumasa nu pasiksak teu puguh rupa.

“Loba kénéh Nyai, kalimah surga nu aya dina baham ieu, tapi dalah dikumaha, sanajan ngabudah sajuta kecap, ngabayabah di alam mayapada, tungtungna urang tos apal badé kamana” gerentes haté ngabeberah.

“Sumuhun Akang, Nyai ngartos kana kecap pamit Akang. Tos teu kedah seueur saur, geura jugjug pangharepan, ulah nolih ka Nyai nu ukur jadi gémbolan kahariwang”

“Euleuh geuning!!, Nyai tiasa terang gerentes haté Akang?” Adang ngarénjag bari melong raray Nyi Jumsih.

“Ah Si Akang mah, matakna ari ngagerentes téh dina haté, ulah dina status pésbuk” Nyi Jumsih ngawaler bari imut kanjut.

Adang tungkul, tuluy ngabalangkeun hapé. (AKW).