Sono Gogog – fbs*)

Carita basa harita.

PUNCAK, akwnulis.com. Nincak minggu katilu, kasono jeung hayang paamprok jonghok beuki pabeulit dina uteuk, teu kiat. Panon anu cureuleuk, awal sampulur bari rok beureum pungsat, matak teu bisa ngarénghap. Pinareup nyeungseung kitu ogé parabot calik.

Hanjakal loba pisan nu harayangeun ogé, sabab anjeun béréhan tur tara itungan. Langki nyebat rupiah tapi tetep soméah. Mung biasa, diahirna mah ditutup ku étangan dollar singapur.

Teu burung aya takdir kudu panggih deui, sabab kabeneran kudu tugas ka beulah dinya. Saged bébérés haté bungah, beungeut marahmay teu matak wegah.

“Bapak sing salamet tugas di luar kotana” jikan peupeujeuh. “Sumuhun Mah”

Anjog ka tempat tugas, Si manéhna geus aya. Camperego bari ngelél. Teu loba carita, dolar singapur dikeupeul. Wel kana sungutna. Belewek, séréngéh. Huntu ranggéténgna salin jinis jadi lambey anu geulis.

Duaan pakaléng-kaleng, bujur ngageboy, ngagogog piligenti moro peuting nu rungsing. (AKW).

***

*) fbs : fiksimini basa sunda, sebuah genre penulisan cerita fiksi berbahasa sunda dengan maksimal penulisan 150 kata. Cerita sangat singkat tetapi memiliki satu cerita utuh.

SONO – fbs

Waktos nu tos tangtos, mangsa nu rumasa. Guligah rasa keur ngudag bagja.

Akwnulis.com | Pasteur. “Buru geura mandi Jang!!!”
Sora Ema ngagentraan, ningali Uing nu ngagojod kénéh, nangkeup guguling bari diharudum kampuh. “Sakedap Ma, rada rieut mastaka téh”

“Har, geuning teu ngeunah awak, cikan!” Tarang dicabak maké tonggong leungeun.

“Ah teu haneut teu sing, hudaaang!!!!”
Kampuh didudut, guguling ngacleng. Uing nyengir kuda, kusabab lain lawaneun, nya ngoréjat muru ka jamban.

Gejebur!!!
Segerr pisan.

“Jang ieu andukna” sora Ema hareupeun panto jamban.

Panto dipéléngékeun, “Hatur nuhun Ma”

Mandi bari hahariringan, teu poho dianggir jeung ngaruru. Duh nikmat pisan.

“Jang, bisi rék nyarap, bubuy sampeu jeung gula beureum geus sayagi yeuh”

“Muhun Ma!!!”

***

“Kang, tos réngsé ibakna?”
“Atos say, sakedap”
“Ieu tuang putra éé”
Soanten halimpu Ibu Negara éh pun bojo ngabubarkeun lamunan mencarkeun sawangan.

Bari ngaléngkah kaluar ti jamban, teu hilap ngadu’a, “Mugi Ema sareng Apa salawasna saréhat tur bagja di lembur singkur, Amiin.” (AKW).