Haré haré

Dongéng kamari waktos aya nu cuék ka simkuring

Kuring ngedeukeutan bari rengkuh tur pengkuh, tapi geuning salira haré-haré. Dipuntenan teu ngawaler, ditaros ngadon ngaléos. Ah teu éléh géléng dituturkeun wé kamana salira ngoloyongna.  
Kuring ngahaja ngarapetkeun awak ka salira, susuganan karaos haneutna guligah rasa, mung hanjakal salira teu rumasa aya sasaha, ngadon anteng ngagupayan dunya nu anggang jauh ti jiga.

“Punten geulis, ieu akang,” sora rada tarik meueusan, angger ngajubleg.

“Puuunteeen!!,” rada ditarikan, éh tetep ngabigeu.

Kuring gagaro teu ateul, sanajan rada keuheul tapi henteu dugika nyel ambek mah ngan jorojoy rasa karunya bilih bisi kasibat panyawat torék.

Teu pugag pangharepan, tuluy wé dituturkeun samalah ditangkeup ti tukang bari dikélekéték. Ih salira ngan seuri maur, éta gé ka batur nu kawénéhan ngalangkung.

Tungtungna mah béak déngkak, kuring ngécagkeun tangkeupan bari ngaikhlaskeun salira nu tuluy ngagedig mulang ka sarakan. Sanggeus salira dilegleg balébat, kakara inget élmu halimunan can ditutup ku jampé pamaké.