Ngojay

Maksad ngojay niiskeun pikir ngajaga haté di basisir Pangandaran.

Hiliwir angin ngageuing haté nu rungsing. Lambak ngagupay karang ngahiap, hayu urang ulin di basisir pikeun mopohokeun karudet. Suku ngagedig muru tukang parahu jeung séwa alat, négo sakeudeung tuluy hanjat kana parahu, angkaribung mawa tumbak, snorkling jeung sapatu bangkong.

Ancrub kana cai nu hérang ngagenclang di basisir pasir putih pangandaran. Karasa seger pikir seger lahir. Kapusing sirna kaganti rasa bagja. Kokojayan kaditu kadieu, ningali taman laut nu éndah. “Hanjakal anjeun teu aya digigireun, éh tapi pan nu matak rungsing téh gara-gara anjeun nu loba kahayang seueur paménta?” Nyéréngéh sorangan. Tuluy ngojay deui rada ka tengah sagara.

Sabot anteng rada teuleum nitenan batu karang jeung lauk warna warni, geuleuyeung dihandapeun aya nu ngojay nangkarak, raray reksak lambey ranghap.

“Astagfirullohal adzim!!!”

Nyoo Cai

Urang lembur hoyong ngojay di dayeuh. Gejeburrr….

FikminBasaSunda.

Ti lembur rebun-rebun muru ka dayeuh. Numpak élf si Kuluk, limaan nu boga kahayang. Teu pira, geus bosen papalidan di sungapan jeung teuleum di Leuwi Kuya. Hayang ngajaran ngojay di dayeuh.

Dua jam geus kaliwat basa si Kuluk nepi ka Cimahi. Jrut tarurun, Uing, Ogim, Opik, Endah jeung Adut. Beungeut aratoh da sakeudeung deui rék meunang pangalaman anyar, ngajaran ‘Balong ngojay’. Geus kabayang caina hérang jeung beresih teu kawas ngojay di leuwi nu kudu rancingeus. Bisi keur ngojay aya lélé konéng ngaliwat, atawa catang palid jeung oray cai, kudu geuwat disingkahan.

Anjog ka tempatna, kaciri loba jelema. Mayar tikét asup tuluy muru ka balong lega nu caina hérang bulao. Nonoman jeung wanoja balawiri ngan di kolor jeung cangcut ogé kutang wungkul.

Satengah jam uing jeung babaturan euweuh nu wani asup ‘Balong ngojay’, caringogo wé bari olohok. Ogim ngaharéwos, “Kumaha ieu lur?, suku jadi tilu!” Uing jeung babaturan tungkul babarengan. Éra. (AKW).