CURUG JODO – fbs

Nyerat deui fiksimini.

KOTBAR, akwnulis.com. Hampir sekian purnama tidak menulis genre karangan super singkat berbahasa sunda. Entah apa penyebabnya, tetapi ide menulis lebih condong coretan tentang kopi dan pengalaman dalam perjalanan saja.

Malam ini setelah menguatkan hati dan konsentrasi, hadirkan ide dan memaksa diri menulis kembali 150 kata tentang sebuah cerita. Cerita malam minggu tentang takdir percintaan anak manusia.

Silahkan…

FIKMIN # CURUG JODO #

Teu karasa kukucuprakan geus kana dua jamna. Ti mimiti mapay batu disisi, leumpang ka tengah ogè ngawanikeun manèh nèrèkèl kana gawir sanajan aya tulisan ‘Teu meunang tataèkan.’

Caina nu haneut tina jero beuteung gunung tangkuban parahu, karasa nengtremkeun hatè rajèt dibawa kabur ku Nèng Fani nu minggu kamari jatukrami.

Leumpang ngurilingan curug bari babacaan sabisa-bisa, sugan wè sakumaha ngaranna. Bisa gancang mèrè gantina. Nu ngaliwat marelong, kunaon èta jelema. Geus teu kaitung kukurilingan dina balong leutik nu dingaranan Curug Jodo, ogè tètèrèkèlan dina gawirna.

Punten Aa, teu kènging naèk kana gawirna” sora teges ngagareuwahkeun. Kaciri dina sasak luhureun aya nu ngabedega, tutunjuk kana plang gigireun.

Uus ukur imut kanjut bari ngolèsèd turun tina gawir. “Punten tèh, teu kaaos seratanna”

Tapi geuning teu cukup kitu waè, petugas tèh nyalukan. Tuluy ngajak ka kantor administrasi da dianggap geus ngalanggar aturan. Nurut wè da rumasa. Nami petugasna Nèng Hasna, geulis kacida. (AKW).