Lalandong – fbs

Haté marojéngja, kedah kumaha?

GARUT, akwnulis.com. Indung peuting maturan raga nu marojéngja, baluweng teu puguh rasa. Pakasaban teu bisa jadi alesan, urusan kulawarga ogé lain caturkeuneun. Kabéh ngaguluyur sakumaha ilaharna. “Tapi naha haté bet tagiwur teu puguh rasa?”

Ningali buku tabungan jeung sertifikat geus lumayan ngahunyud minuhan brankas, kitu deui mobil jeung motor pasesedek di garasi.

Jikan jeung budak kukurilingan mapay nagara-nagara sabudereun dunya, unggal usik laporan dina médsos séwang-séwangan. Sabulan katukang di wilayah asia, ayeuna keur anteng di dataran éropa. Tapi keukeuh ieu haté teu puguh rasa.

Tungtungna buru-buru balik ka lembur, sumujud ka indung bapa. Ménta panghampura ogé pituduh supaya haté jadi tingtrim jeung daria.

“Jang, wayahna ulah loba ngarahul, geus ayeuna mah gawé sing junun sanajan hirup ngontrak bari sagawé-gawé, sabar jeung tawakal”

“Sumuhun Ema, Nuhun” waleran dareuda, teras amit mundur muru kana motor bari teu hilap ngahurungkeun aplikasi, sugan waé aya nu order.

Ayeuna haté tenang da geuning hirup mah ukur pupulasan. (AKW).

Kacapi salira

Jentréng kacapi kahirupan ngawirahma mulutan katresna. Nyulusup na dada mentok muru jajantung nu ngadadak ratug. Rasa kadeudeuh bet jadi nyaliara. Meulit kana uteuk ngabatek kahayang, jadi poho sagalana.

Padahal ukur sapira, wirahma rasa ngahaleuangkeun panineungan. Basa harita mimiti wawuh ka salira. 

“Punten bapa, kénging enéng ngiring diajar ngajentréngkeun kacapi?”

Éta pertarosan nu ngajentréngkeun sagala rasa. Témbok sakola nyakséni, kacapi daria bisa mawa bibit rumpaka keur ngagayuh dunya.

Sanajan sareng salira teu junun ka balé nyungcung. Tapi rasa nu ngajorélat dina lamunan, ngawangun kasono nu teu bisa dilisankeun. Ngagayuh ka janari, kacapi ditangkeup bari lalaunan diusapan.