SALSÈ – fbs

Cerita pagi tentang keseharian.

CIMAHI, akwnulis.com. Hari jumat pagi yang begitu segar dengan sentuhan lembut angin tipis memberi inspirasi menulis tentang sesuatu. Tanpa perlu basa basi dan lawan kemalasan menulis dengan membiarkan jemari menari di keyboard virtual smartphoneku ini. Maka hadirlah kembali tulisan singkat berbahasa sunda, silahkan :

FIKMIN # SALSE #

Mimitina mah hudang sarè tèh asa salsè, hapè jempè. Padahal biasana ba’da shubuh geus trang tring sora pesen nu asup. Ninyuh cikopi dibaturan gorèng ulèn jeung bala-bala, nikmat pisan.

Mandi, neukteukan kuku, nepika nyisir ngagolep beulah tengah, hapè jempling. Dirèrèt hapè hurung sakumaha ilaharna. Geus saged, hapè dibawa, ngiclik ka garasi rèk ngaluarkeun motor si kukut tèa.

Bari ngahaneutan motor, hapè dicoo. Aman teu aya nanaon. Tapi… diilikan tèh aya tanda perboden leutik dina layar luhur. Gebeg, boa bèak pulsa mumul kuota. Langsung dipencèt nomer hapè jikan…

Tuut.. tuuut.

Pulsa anjeun teu cekap kanggo nelepon!”  Èta waleranna, diterjemahkeun kana basa sunda.

Langsung kèsang tiis renung dina tarang, jajantung jadi gancang jeung pipikiran cus cos kaditu kadieu.

Motor dipareuman, lumpat ka gang tukangeun imah. Rèk meuli pulsa jeung kuota di kios Bi Asih. Hanjakal nutup kènèh, digedor suwung jelema. Tungtungna mah nyanghunjar bari cirambay, duit 10 rebu dikeukeuweuk maturan.

****

Itulah tulisan singkat 150 kata tentang sebuah fenomena. Bagi yang penasaran tentang cerita tersebut atau ingin menambah dan juga menentang kejadian itu, tentu dipersilahkan karena ini hanya cerita fiksi reka saja meskipun diangkat dari ide keseharian. Isi di kolom komentar atau japri seperti biasa. Selamat bekerja di hari jumat minggu ini, semangaat. Wassalam (AKW).

Promo Hapè – fbs.

Antawis kahoyong sareng kateumampuh…

FIKMIN # PROMO HAPÈ #

Brosur nepika lecek digulanggapèr, tapi hatè keukeuh marojèngja. Angka-angka geus dikotrèt dina buku agènda, tanda pleus mineus jeung kali bagi paburisat dina kertas.

Tapi naha geuning kalah ka baluweng teu puguh rasa?”

Sakedapeun ngalungsar bari nyarandè dina tihang tengah imah. Sirah tungkul nitènan palupuh nu ngèntèp nutupan kahariwang. Dina sela-sela kaciri èntog jeung hayam keur anteng badami bari ngadaharan huut jatah beurang.

Uteuk inget deui kana promo hapè anyar nu matak pikabitaeun, kamèrana bisa digedèan nepika 250x jeung loba bonusna, ngan hanjakal kudu sayagi artos 7x gaji. Karasa puyeng nandangan rasa, pasèa antara kahayang, kabita jeung kaboga.

Tungkul deui nitènan sela-sela palupuh, kaciri èntog kameumeut keur nempokeun.

Kunaon melong waè Ntog?”

“Geus tong loba kahayang, bisa hirup poè ieu geus Alhamdulillah, wèk” Entog mairan.

Uing nyengir, bener ogè. Jung nangtung muru kaluar imah. Panto kandang handapeun golodog dibuka, èntog jeung hayam kaluar jaligrah. Uing ngilu ngibing, ngaleungitkeun kahariwang jeung amarah. (AKW).

***

fbs : fiksimini basa sunda : sebuah genre menulis singkat dalam bahasa sunda, maksimal 150 kata sudah membuat sebuah cerita utuh atau mungkin membuat penasaran dan pembaca (mungkin) terkecoh di akhir cerita.