FIKMIN # NAHAN KAHAYANG #
Kakara nyaba meuntas nagara, teu ngimpi – ngimpi acan bisa ngalanglang buana numpak kapal udara. Rasa atoh jeung geumpeur pacampur komo nalika rèk numpak kapal. Sagala dipariksa, beubeur dilaan. Kapaksa nyekelan calana logor meunang nginjeum ti Jang Uta.
Dina kapal udara, beuteung ngusial tapi sieun ka jambanna. Antukna genep jam leuwih tipepereket, nahan nu sabrol-brolna. Kèsang badag kèsang lembut geus teu kaampeuh.
Turun tina kapal udara teu sirikna notog notogkeun manèh, panon rambisak geus teu kuat. Biwir babacaan, duh Gusti pasihan kakiatan.
Pelepes…
Alhamdulillah di hareupeun aya toilet. Lumpaaat. Nèang bilik nu kosong, sup porosot gèk, “brooottt!”
Eusi peujit surak bisa liwat.
Pas rèk cècèwok geuning euweuh semprotan cai. Nu aya gulungan tisu. “Aduh kumaha ieu?” Hareupeun wèsè tinggerendeng sora, jigana nungguan. Geus ah nèkad wè, tisu dirawu tuluy dipakè nyusutan. Diilikan tèh konèng kolot, nyegak deuih. Buru-buru makè calana sanajan karasa ramètèk dimamana. Cag.