FIKMIN # KAMPUNG AI#
Datang ka hiji wewengkon geus mimiti sareupna. Tapi lembur singkur tèh caang baranang, bari lampuna hurung ngempur nu bodas semu hèjo.
Ngadeukeutan warung, barudak keur anteng gogonjakan bari nyekel tablèt jeung hapè lipet nu di dayeuh keur jadi kacapangan. Maman ngarandeg. Dihareupeun aya balandongan gedè nu dieusi ku barudak beunceuh keur pasèa urusan basa program boh Java ogè Laravèl. Beulah katuhuna mah bari ucing sumput tapi leungeunna pageuh nyekel hapè nyusun desain photo ogè video makè canva, capcut, kinemaster dugika adobe after effect.
Panasaran beuki nataku, tetelepèk nanyakeun saha nu jadi kuwu di ieu wewengkon. Curuk warga bentik baru nojo ka kulon, aya imah badag, sugan keur aya.
Ari pèk tèh suwung jelema, nu aya mah genep robot keur ngahaleuang, “Asep olèng ku A.I, Asep gèlo ku A.I”
Lalaunan muka hape, ngetik dina aplikasi chatGPT, nanyakeun ieu kampung saha kuwuna. Geuningan ibu anom nu wastana A.I Kencanawati. Paingan.
***