TIPEPEREKET – fbs

Sekelumit cerita di dalam tenda.

MARIBAYA, akwnulis.com. Sebuah pertemuan dalam balutan acara tentu memberikan pengalaman yang menarik dan berbeda-beda dari setiap peserta. Ada sudut pandang utama dengan fokus pada pelaksanaan kegiatan yang disetting sedemikian rupa, sehingga kebersamaan semakin erat secara sempurna. Tetapi ada juga pengalaman lain yang tetap menambah nilai pelajaran kehidupan yang perlu dituliskan agar menjadi warisan literasi yang abadi.

Inilah salah satu kotretan singkatnya dengan genre cerita fiksi singkat berbahasa sunda. Jika ada kesamaan nama maka itu adalah bukan kebetulan tetapi mendekati kenyataan, selamat menikmati :

FBS # TIPEPEREKET #

Pas panon beunta, reuwas kacida. Awak nangkarak bari diluhureun aya lamak bodas. Tuluy lalangit deukeut pisan, posisina miring tur baseuh. Tiis combrèk sakuriling awak. Ibro cirambay, hatè keketegan. Geus kabayang, ieu geuning tungtung kanyataan hirup urang tèh. Ngagolèr sorangan, paroèk jeung baseuh. Panon mimiti cirambay, bingung jeung hanjakal. Dipeureumkeun wè, susuganan ieu tèh ukur ngimpi.

Manrobuka… manrobbuka!” Aya sora handaruan gigireun. Panon mèlètèt saeutik, gebeg tèh. Gigieun aya nu hideung ngabedega. “Aduh nyaan ieu mah malaikat” Mang Ibro leuleus, bari nginget-nginget pangajaran keur masantrèn kalong baheula. Tapi lebeng, poho kudu ngajawab kumaha. Ibro peureum deui tipepereket.

Srètt! Jang Lufi mukakeun sèrèlèk tènda nu runtuh ku angin puyuh. Kaciri Mang Ibro keur murungkut dibakutet seprè bodas.

Mang Ibro buka, geura buka, nanaonan kalah ka ngarèngkol didinya?”

Euleuh malaikat deui, tapi asa wawuh sorana”

Mang Ibro beunta, geuning loba jelema. Rurusuhan muka seprè, jung nangtung. Tuluy nangkeup Jang Lufi bari ceurik ngagukguk.

***

Terima kasih atas kerelaan meluangkan waktu menelusuri kata demi kata hingga berakhir, semoga memiliki makna. Selamat beristirahat dan bermimpi dengan penuh rasa bahagia. Wassalam (AKW).

NGABANGKÈ – fbs

Dari istirahat menjadi kotretan penuh Niat.

CiMaHi, akwnulis.com. Sebuah ide menulis memang hadir sekelebat dan terkadang hilang jika tidak segera ditangkap. Maka cara terbaik adalah segera ikat dengan kata-kata, disulam oleh kalimat hingga hadirkan kemasan yang penuh niat.

Ada lagi, jikalau lebih nyaman menggunakan bahasa ibunda, maka tulislah. Jangan khawatir dengan perbedaan karena rangkaian kata memiliki kekuatan untuk kita terus berkarya.

Jadi, kembali tulisan singkat hadir berbahasa sunda dengan ilustrasi tiduran di lantai luar ruang kerja, tak lupa tetap menggunakan masker sebagai penanda bahwa waspada adalah yang utama.

Cekidot….

FIKMIN # NGABANGKÈ #

Geus dua peuting panon teu manggih peureum, salawasna bolotot ngagawèan urusan dunya nu pinuh ku wates waktu. Cikopi jeung udud teu sirikna piligenti asup kana tikoro jeung liang irung, ihtiar mèh awak jagjag ngagawèkeun sagala urusan bari mondok di kantor.

Ayeuna asup peuting katilu, geuning loba kènèh garapeun. Sirah mimiti lieur bari awak nyèksrèk manasan. Maksakeun balik heula, sugan wè geus panggih mah cageur.

Nepi ka golodog, motor di sarandèkeun. Muka tulak da boga konci sèrep. Bus ka imah, ngagolèdag na korsi panjang, reup sarè.

A gugah, ngalih ka pangkèng kulemna” sora halimpu ngagareuwahkeun. Beunta saharita.

Ningali lalangit naha ènternitna bodas, nempo hordèng beresih jeung jandèla nako makè kaca hias, sareungit deuih. Mencrong ka nu ngahudangkeun. Hareugeueun, “Saha salira?”

Plak!… Pipi katuhu dicabok, panas jeung reuwas. “Akang kunaon, hilap ka Isyeu?”

Masih hareugeueun, “Dimana ieu?”

Buk! Karasa punduk aya nu ngababuk, poèk mongklèng saharita. (AKW).