Bedo – fbs

Papagah sepuh nu matak marojéngja.

fbs : fiksimini basa sunda.

JATINANGOR, akwnulis.com. “Wayahna Jang, ayeuna geus manjing mangsa cunduk waktu. Ujang kudu ngilu saémbara keur jadi Senopati di Sumedang larang” Soanten teteg Éyang Patih matak nyeceb kana mamarasna. Aya bagja tapi longkéwang.

Teu aya kecap nu eungab, baham rapet létah jempling. Ngan mastaka unggeuk lalaunan.

“Kunaon Jang, jiga anu teu kahatéan?” Patarosan leuleuy Éyang Patih, asa ngabeledag tarik naker, karaos beuki ngarojok haté nu marojéngja.

“Ulah salempang, sok wé nuturkeun aturanna, Éyang ogé moal cicing”

Jang Markoji beuki tungkul, nepi ka tarang antel kana taneuh, teu wasa nampik pangasih nolak paréntah Éyang Patih. Sanaos teu sapagodos.

“Tapi, tibatan engké saatos diistrénan, codéka ogé euweuh kabisa, mending ayeuna wé wakca balaka” Gerentes haté Ki Sulintang.

Lalaunan ngangkat raray bari teu puguh raraosan, “Euleuh naha paroék, kamana Éyang Patih?” rada reuwas, hemar hemir.

Bulan sapasi ngabegégan, ningali nu keur baringung. Ditinggalkeun sorangan, sabab ngadon kérék basa keur dipapatahan. Éyang Patih bendu pisan. (AKW).