Ngudag Panonpoé

Ngudag kahayang ngabuktikeun kamampuh, kudu bisa.

“Sok geura udag kahayang jang, jugjug mun bener éta hayang silaing!” Sora Aki Umid ngajelengéng dina sirah basa uing balaka hayang ngudag panonpoé.

Teu loba carita, gasik bébérés. Pangsi jeung iket digémbol maké sarung. Teu poho bedog si cépot jeung koréd leutik. Uyah sapuruluk jeung hinis keur pakarang pamungkas.

Indung peuting karék reup basa uing amitan ti paguron Tapak waja. Teu loba nu nyaho, ukur Ki Umid jeung Sanghyang Widi.

Leumpang mapay landeuh unggah pasir, teu beurang teu peuting muru kahayang nu can kacumponan. Didodoho isuk-isuk kalah nyamos, ditungguan pasosoré kalah ka ngilang. Tungtungna moro nu aya, meunang layung dua gémbolan. Matapoé mah nyingcet tuluy digilir ku purnama jeung béntang nu kucap kiceup baranang.

Kitu jeung kitu wé salila genep warsih téh, capé. Ampir-ampiran pegat harepan, balik éra teu balik kumaha.

***

Ayeuna uing didieu, nempokeun anjeun datang nyaangan dunya. Tingtrim rasa seger rumasa, aya bagja jeung tumarima nyaliara dina awak nu teu boga daya upaya.

Geuning lain anjeun nu kudu jadi jugjugan uing, tapi nu nyieun anjeun nu kudu ku uing di sembah di dama-dama.

Wassalam.

Palataran masjid Pasirhalang, 200318. (Akw).

Wakca Balaka

Kedah énggal didugikeun tibatan janten hanjakal.

#FiksiminiBahasaSunda *)

Kulit antel matak ngarahuh, méga sirna, sumawonna lalangsé ilang tanpa karana, nyésakeun balébat soré dipapaés ku katumbiri, nyurup layung ngagembang rasa. Panangan montél lalaunan milari galur dina lahunan, bagja tinekanan, soca cureuleuk neuteup anteb, ramo gumeulis ngusapan taar, bangun deudeuh taya papadana, atoh amarwatasuta.

Mung hanjakal sanajan haté ngagedur hoyong ngedalkeun katresna, geuning lambeuy kakonci teu tiasa cumarita, padahal ieu waktos nu utami pikeun ngadugikeun bangbaluh haté. Awak ditangkeup pageuh, raga bungangang jiwa percéka, karaos pisan éndahna dunya, nyeuseup gumulurna cinta, asih munggaran nu taya bandingannana.

Silih usap, silih tamplokeun kaasih, mung hanjakal geuning teu aya kecap nu tiasa kedal, ukur silih teuteup silih kiceup, tandaning asih ngadalingding, ngagegeba rasa silih simbreuh katresna. Lalaunan ngiatkeun niat, mageuhkeun pamadegan pikeun ngedalkeun ieu rasa, ngabudalkeun bendungan jiwa nu teu kiat nahan caah rasa rumasa micinta ka manéhna, lambey muka, sora ngabura, “Méongg…méonggg,..méoooong”
“Si empus lucu, nembé disada ayeuna” saur néng Mila bari teras ngoconan kuring. (AKW).

*)Ngawitan diserat tur dikintun di FB FBS ping 13 Maret 2013.

OTT

Teu pandang saha jeung rupa, OTT kudu laksana.

#Fikminsunda

“Mana tersangka OTTna?” Komandan nanya. “ieu Ndan” Bripka Toto ngawaler bari nunjuk ka hareup. Nini-nini cetuk huis, keur murungkut bari rambisak.

“Saha nami?”

“Ma Uti”

Ujug-ujug jorojoy aya rasa karunya dina manah komandan. Haténa ngagerentes, “Asa teu pantes nini-nini kieu jadi tersangka.”
Lalaunan dideukeutan nini-nini nu keur murungkut téh, pas nempo aya pulisi ngadeukeutan, goak deui ceurik meuni balilihan, “Ema téh salah naon adééén, bet di kakaya kieu” Komandan ngahuleng.

“Punten komandan, pas OTT tadi sonten, ibu téh kabuktosan pisan ngalanggar UU pencucian uang.”

“Sabaraha nominal duitna?”

“Duaratus rébu Ndan!” dijawab teges.

“Leres kitu ema?” Komandan melong ka Ma Uti.

Bari carinakdak, Ma Uti ngawaler, “Sumuhun adén, ema keur nyeuseuh, dina saku calana salaki geuning aya artos 200rebu nu kaseuseuh”

Komandan beureum beungeut éra parada, teu antaparah anak buahna dicabok nepika ngajongkéng bari ngagorowok, “Ari sia belegug-belegug teuing, leupaskeun Ma Uti ayeuna pisan, anteurkeun nepika imahna, bari ménta dihampura!!!!”

***

Catetan : Ieu fikmin midang sataun kapengker ping 250217 dina lapak fésbuk simkuring. Haturnuhun. (AKW).

Paspamja

Nuju anteng aya béwara, duh reuwas kacida.

Fikminsunda

Nu ngilu gempungan masih campuh jeung adu rényom kahayang. Ramé patémbal-témbal dina acara GEPUPUSAÉ (Gempungan Pupuhu jeung Punakawan sa-Énonesia). Kabéh boga kahayang, kabéh boga poténsi jeung masalah séwang-séwangan. Mikropon teu sirikna lulumpatan, ujlang ajleng kaditu kadieu diparebutkeun ku nu hadir. Kertas balatak urut ngotrét pacampur jeung lalawuh nu teu béak-béak.

Keur anteng adu renyom, aya béwara, “Perhatosan.. Perhatosan…Ka sadayana nu hadir di ieu gempungan. Mugi tiasa réngsé satengah jam ti ayeuna. Margi badé di-stéril, persiapan kasumpingan Maharaja!!!”

Jep nu ngawangkong jempé, nu adu renyom balem. Husu nganggeuskeun konsép rékomendasi. Ngan nu riweuh téh barudak awéwé rumaja jeung ibu-ibu ngora nu hadir dina éta gempungan. Lalumpatan kaluar bari beungeut parias jeung morolok késang tiis.

Anggota Pampamja (pasukan pengaman maharaja) nu rék nyetéril éta patempatan panasaran, “Ceu!!, kunaon bet lalumpatan?”

“Sieun bisi ké geus kawin teu bisa reuneuh!!!”

Paspamja ngahuleng. Cag.(Akw).

Urug

Musibah tangtos teu aya nu hoyong, tapi kahirupan mah sa pakét. Bagja jeung tunggara, beurang jeung peuting ogé salamet jeung cilaka.

Fiksimini Basa Sunda*)

Photo : Ieu mung ilustrasi, minggon kamari urug gawir pengkereun bumi pun biang / potlang.

Rokaat ahir solat isya karék lekasan, kareungeu ngaguruh gigireun pangkéng tarik pisan. Sakedapeun mah ngahuleng teu puguh rampa, tapi haté leutik nyarita, “Nyingkah geura.. nyingkaah!!!”

Teu antaparah deui, gajleng muru si bungsu. Dirawu, dibawa lumpat kaluar ti imah, ngabecir sakulampat kulampét nyingkahan sora ngaguruh nu beuki rosa. Muru ka balé désa ngajauhan gawir nu keur ngamuk teu maké rarasaan. Ditukangeun kadéngé tingkocéak, sora tatangga nu katinggang runtuhan imah. Aya ogé nu teu bisa eungab deui, da kaburu ka kubur urug.

“Tulung.. tulung.”

Bekk!!!… bumi alam asa poék, awak leuleus taya pangawasa, laju rubuh, nangkuban.

Pas lalaunan beunta, kadéngé harénghéng loba jelema. Kaciri jalan lempeng ngamulungmung. Sapanjang deuleu caang baranang, langit hégar diguar béntang. Laleumpang séwang-séwangan, muru caang di juru kahayang. Uing maksakeun leumpang bari ingkud-ingkudan, muru timbangan nu nangtukeun papastén kahirupan. (Akw).