Diudag Seuneu – fbs

Ari geus hayang téh meuni teu bisa dipungpang.

Leungeun seuneu ngarérab beungeut, mapay kana punduk tuluy pageuh ngagabrug tonggong.
Haté nu tagiwur karasa ngagolak, hégak kamelang pagaliwota jeung kanyaah.

Seuneu ngabebela ngarurub raga, ngabungkus nyawa nu geus teu walakaya. Tapi lain teu hayang balaka, hiji jangji kudu pengkuh dicepeng sanajan dina kaayaan pangweritna.

“Geus tong logay lur, lepaskeun wé. Tibatan Sia tiwas bari euweuh bukurna!!!” Handaruan sora seuneu ngaruntuhkeun kanyaah.

Raga gilig teu loba kahariwang, awak sideku sidakep bari balem. Padahal jangjawokeun tuluy diamat dina haté pangjero-jerona. Rasa pasrah nyaliara, méré tengtrem ngaguar rasa. Panasna seuneu jadi tiis saharita.

Seuneu nyereg pinuh napsu, Uing sumerah ngaraga meneng.

Jelegur!!!

Adu kasaktén tingkat luhur, Uing ngajengkang bari rada eungap. Seuneu nu ngabebela salin rupa….. jadi panékér. Tinggal nyekéskeun mun aya kabutuh.

“Beu!. boro dibaca, geuning keur hayang ngudud euweuh panyekés, jadi wé kaditu-kadieu. Meunggeus ah.” (AKW).

Ulah Codéka – fbs

Balébat panggih teu kebat, pasosoré ngajaul hinis, peurih.

Akwnulis.com, Purwakarta. Teu pira nu jadi dareuda, teu hésé lain keur salsé. Ukur sakolépat natrat, indung suku panggih jeung batu, ngan hanjakal tarik meueusan. Antukna batu teuas népi ka bencar basa diteunggar indung suku sisi nu luar.

Sanajan kitu, indung suku ogé kudu aya cacadna. Réksak mah henteu, ngan getih kaluar ngabayabah minuhan haté nu keur teu puguh rasa. Méré tengtrem sanajan bau hangru jeung hanyir ngahiji, silih rontok silih bagéakeun, sono.

Indung suku répéh bari ngahaja diangin-angin. Sugan waé garing jeung cageur deui sakumaha mimitina. Sésa getih teu bisa leungit, natrat nétra jadi pusaka. Ciri utama aya kajadian nu matak gimir bari kudu ngakséni.

Laju ngahuleng, Indung suku ngagerendeng, “Euweuh mendingna ngalajur napsu, sanajan rasa mupuas minuhan dada ningali batur ngajongkéng. Tapi balesanna ogé sabanding”

Indung suku tungkul, peurih jeung longkèwang. Remuk suku lima buku. (AKW).

Leleson – fbs

Hoyong mah geura leleson, ari pék téh…..

Akwnulis.com. Jakarta. Jalan Kemang Raya Jakarta haneuteun kénéh dina wanci ngadeukeutan indung peuting, tapi awak geus rangsak pasiksak kudu gancang digolèrkeun bisi jadi matak. Teu loba carita, kopi disuruput, mayar tuluy ngingkig balik ka hotél.

Asup kana lift, awak geus tingsariak, “Ulah harééng, cageur cageur cageur” Uing ngomong sorangan, sugan jadi du’a.

Kaluar tina lift, méngkol ka kénca tuluy leumpang ngaliwatan koridor, simpé jeung rada paroék. Ah lahaola wé, “Aing manusa mahluk mulya.”

Anjog ka hareupeun kamar 321, pas kartu éléktronik rék diantelkeun kana gagang panto, “Ih geuning méléngé, canggih yeuh, can antel geus muka”
Panto dibuka, Uing asup da teu kuat hayang geura leleson.

Ari bus ka kamar, “Awwww…….” dua wanoja nu keur papuket ngajorowok tarik, rikat ngarurub awakna maké kampuh. Uing ngaheneng, olohok mata simeuteun. Kaciri dina méja gigireun, kartu panto kamar, nomérna 323. (AKW).

Arabica Cangcuta – fbs

Ninyuh kopi maké cara anyar, nikmat pisan.

Akwnulis.com “Jang, pangninyuhkeun kopi Ciwidey nu haseum seungit téa geuning”
“Mangga pih”

Uing buru-buru ka dapur, nyayagikeun pimitohaeun, Haji Otoy, tokoh agama ogé jalma jegud di lembur.

“Wadduh… kopi Ciwidéyna korédas, aya gé kopi Toraja” Uing ngahuleng, sabab kopi Toraja mah euweuh haseuman, pait jeung seungit wungkul.

“Burukeun Jang, mana kopi téh?” Pimitohaeun ngajorowok. “Mangga diantos pih!”

Teu loba carita, kopi nu aya digiling. Pas rék ditinyuh maké kertas saringan, aya ilapat hadé. Nempo calana jero si Ema di juru jamban.

***

“Nikmat pisan Jang kopi téh, paitna aya, seungitna karasa, ogé haseumna nyata. Kopi Ciwidey variétas naon ieu téh?”

“Hatur nuhun kaanggé mah pih, éta arabica cangcuta” Uing ngajawab saengabna, inget tadi cangcut si Ema.

“Iraha rék nanyaan téh?, kadé babawaanna kaasup kopi ieu nya!”

“Insyaalloh sasih payun pih, hatur nuhun”

Haji Otoy ngaléos rék ngaroris sawahna. Uing bagja boga cara ninyuh kopi anyar nu kapaké ku pimitohaeun. Hatur nuhun Ema. (AKW).

——————-

Fbs : fiksimini basa sunda, sebuah tulisan fiktif berbahasa sunda. Membangun sebuah cerita singkat maksimal 150 kata. Bukan kisah nyata meskipun inspirasinya dari kehidupan sehari-hari.

SONO – fbs

Waktos nu tos tangtos, mangsa nu rumasa. Guligah rasa keur ngudag bagja.

Akwnulis.com | Pasteur. “Buru geura mandi Jang!!!”
Sora Ema ngagentraan, ningali Uing nu ngagojod kénéh, nangkeup guguling bari diharudum kampuh. “Sakedap Ma, rada rieut mastaka téh”

“Har, geuning teu ngeunah awak, cikan!” Tarang dicabak maké tonggong leungeun.

“Ah teu haneut teu sing, hudaaang!!!!”
Kampuh didudut, guguling ngacleng. Uing nyengir kuda, kusabab lain lawaneun, nya ngoréjat muru ka jamban.

Gejebur!!!
Segerr pisan.

“Jang ieu andukna” sora Ema hareupeun panto jamban.

Panto dipéléngékeun, “Hatur nuhun Ma”

Mandi bari hahariringan, teu poho dianggir jeung ngaruru. Duh nikmat pisan.

“Jang, bisi rék nyarap, bubuy sampeu jeung gula beureum geus sayagi yeuh”

“Muhun Ma!!!”

***

“Kang, tos réngsé ibakna?”
“Atos say, sakedap”
“Ieu tuang putra éé”
Soanten halimpu Ibu Negara éh pun bojo ngabubarkeun lamunan mencarkeun sawangan.

Bari ngaléngkah kaluar ti jamban, teu hilap ngadu’a, “Mugi Ema sareng Apa salawasna saréhat tur bagja di lembur singkur, Amiin.” (AKW).

Poho

Ku hilap nu jadi matak.

Akwnulis.com, Cimohay. Muka lomari bari rerencepan, lain rék nyokot raksukan. Tapi asuk ka jero, sabab ditukangna aya panto rahasia. Tarapti nutupkeun lomari ti jero, tuluy muka tulak maké kode kombinasi sapuluh angka.

Srett!!!

Panto ngésér, rohangan caang aya hareupeun. 5 sét komputer jeung layarna nu badag, router jeung aksés internét unlimitéd. “Ieu dunya Aing”, Omin ngomong sorangan.

Gék diuk, ramo lincah nyoo kibod virtual, monitor hurung mintonkeun rupa-rupa. Aya béwara anyar sadunya, video sisitipi sakuriling kampung ogé analisis médsos keur ngadodoho kalakuan jalma réa.

Ni’mat pisan…

***

Jeprét!!!!
Reup pareum, poék mongkléng buta rajin.

Omin ngaheneng, “Poho euy can masang disel jeung UPS”

Ngaheneng deui.

Jajantung mimiti ratug beuteung ngusial, sirah ngadadak lieur. Cengkat uyup ayap néang panto kaluar.

Teu kapanggih.

***

3 dinten salajengna.

“Katawisna bau bangké téh tina lomari mang” Saur Sérsan Budi bari ungas-ingus.
“Muhun nya, hayu urang parios” Lurah masihan paréntah.

Duk.. duk.. brak..!!!

Linggis jeung kampak muka hahalang, pikeun manggihan awak nu ngabugang. (AKW).

Cangkang Durén – fbs

Urang pedar salah sawios khasiatna cangkang durén.

Photo : milih durén di Ucok Durian, Médan / dokpri.

Wa Ubed jeung Cép Émpud keur aya di tanah sabrang, Kota Médan. Nonohan pangulem panitia dina raraga ngabadamikeun usulan keur ngokolakeun konsep pangwangunan patalimarga di Éndonésia.

Gempungan can réngsé, Wa Ubéd jeung Cép Émpud geus ngabelecet. Ninggalkeun gempungan, megat béca muru ka toko ‘Ucok Durian’, teu kiat hoyong geura murak durén.

Anjog ka tékapé, teu loba carita, “Buka lima siki bang!!!”
“Okéh boss!!!”
“Gancangan!!!”

Pagawé Ucok Durian giak mukaan durén. Tuluy dibawa, ngabarak dina méja, meleding ngadalingding.

Gep!
Celebek!

“Ngeunah pisan lur”
“Sumuhun Wa”

“Wa, kulitna ogé mangpaat kanggé ngabersihan waos” Cep Émpud ngawartosan.
“Hadé pisan tah, kin urang ajaran” walon Wa Ubéd, manéhna nyengir bari nempokeun huntuna nu hideung jeung karonéng.

Isukna Wa Ubéd hariweusweus, “Koplokkk siah Émpud, boro aing nurut ka Maneh. Lain huntu jadi beresih ieu mah, tapi ompong kagosrok cangkang durén, koploook!!”

Cép Émpud jempé bari nempo baham Wa Ubéd nu geus beresih pisan tina huntu. (AKW).