
CIMAHI, akwnulis.com. Sabtu pagi yang redup dan angin pagi agak kencang mengingatkan cerita masa kecil yang begitu akrab dengan fenomena alam.
Sebuah momen banjir dadakan yang diakibatkan oleh curah hujan di hulu sungai adalah saat yang tepat untuk berselancar di sungai yang ujungnya membelah kampungku dan biasanya mereda pada saat mendekati bendungan.
Meskipun perlu perjuangan untuk mencapai area hulu sungai, tapi berselancar selama 1 jam lebih dengan arus cepat sungai hingga kembali ke area dekat perkampungan adalah sebuah kesempatan bersama yang memacu adrenalin dan pembuktian keberanian.

Inilah ceritanya :
FIKMIN # CAAH #
Panon awas ceuli rebing, nungguan nu dipikahayang. Limaan geus sayaga bari mamanggul ban jero nu pinuh tambalan jeung ciri supaya teu pahili. Langit angkeub angin narikan, sirah cai ngabudah.
“Hayu ah, Bismillah”
Cai kiruh datang mawa sumanget barudak lembur nu hayang hiburan. Ngajaran ngangkleung bari numpakan budah cai nu ngahègak tur jangkung. Cai sungapan nu ngagenclang diganti ku gumuruhna cai kiruh nu mawa pangaruh, ngaratugkeun jajantung tapi nangtang kahayang.
Gejebur… gejebur, limaan numpakan ban jero langsung ngagabung kana cai nu umpal-umpalan. Patinggorowok, matak resep seuseurian.
Hanjakal suka bungah ukur memenitan, sabab ningali ka tukang, aya deui caah dèngdèng susulan, leuwih kiruh, jangkung jeung tarik.
“Hanjaaat… hanjaaat” sora Jang Iyud bari beungeut pias. Deden, Yayan jeung Agus geus teu kaciri kagulung caah.
Uing beunta, geuning na jero cai, awak dibubat babèt jiga kapas katebak angin. Peureum, Babacaan sabisa-bisa. Pas beunta deui, gigireun lulun samak nyèrèngèh. Poèk.
Disclaimer :
Mohon maaf jika ceritanya dalam bahasa daerah, bahasa sunda. Tapi itulah indahnya kata dan bahasa. Untuk yang belum dan tidak mengerti, silahkan isi dikolom komentar atau japri saja kepada penulis. Selamat weeekend kawan. Wassalam (AKW).
Lulun samak teu kantos ninggali, mung di lembur simkuringmah tenar pisan lumorna aya di hiji balong anu ageung mun abdi keur guyang rame² srg babaturan nu gaduh balong gogorowokan ” hanjat siah bisi aya lulud samak” tah pami tos ngadangu kitu otomatis simkuring srg rerencsngan birat sadayana bari ngarawu acuk nu aya di galengan balong
LikeLiked by 1 person
Leres pisan bu….. eta teh nu dipikasieun ku sadayana.
LikeLike
Dikira2 saja mengartikannya pak hehe…
Mantap sundana tiasaan…😁🤭🙏
LikeLiked by 1 person
Hatur lumayan bu
LikeLike