Rèlawan – fbs

Niat mah janten rèlawan..

FIKMIN # Rèlawan #

Tepang munggaran dina raraga gempungan ngolah nagri. Ngokolakeun kumaha tiasa janten bongbolong pikeun nyalurkeun bantosan ka palawargi nu keuna ku lini, tug dugi kiwari teu acan kènging bantosan sailaharna.

Dicobian numpak motor nganggè ban cucuk, lumayan bantosan tiasa disebar. Aya ogè nu dijingjing bari mapah. Tapi anu kahalangan ku urug mah, orokaya nikreuh sesah, ngorondang asa piraku. Badè kana hèlikopter da teu gaduh waragadna.

Tah gempungan èta nu nambih sumanget, sanaos di posko pikèt sesah cai sesah bobo. Aya nu nyarengan, imut nu camperenik meuni sesah leupas tina kongkolak.

Komo waktos mungkas obrolan sonten kamari, wirèhna tos sataun dikantun carogèna anu tolohèor. Sumanget langkung ngagedur.

Mang, engkè wengi gempungan deui, badanten sareng rèlawan kanggè distribusi bantosan ka lembur sisi leuweung tutupan

Siaap” Ngawaler tatag bari curinghak, asa mobok manggih gorowong, bakal tiasa tepang sareng anjeunna. Nu camperenik tur resik.

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: