
Teu karasa nincak peuting katilu, sarè di imah dines dunungan, Juragan Camat Legok Eurih. Alhamdulillah sarè tibra teu kaburu ngimpi – ngimpi acan.
Padahal basa ngadeuheus rèk makè imah dines tèh, Juragan Camat rada ngahuleng.
“Nyaan rèk mondok didinya Jang?”
“Sumuhun Bapa”
Uing amit mundur, tuluy mènta tulung ka polpp nu aya di kantor, keur ngabèrèsan imah dines. Mang Idi jeung Kang Sahri papelong-pelong, “Hayu Ang, tapi èta imah tèh geus 10 taun kosong”
Uing teu loba carita, buka panto uluk salam. Kaciri teu kaurus. Tèhel lukutan, ogè di juru balocor. Aya 3 kamar, ngan kamar hareup nu meueusan. Ngangkut mèja rapat wè 2 siki keur risbangna tambah kasur busa diluhurna, jadi kamar bujangan.

Peuting kaopat, jam sabelas karèk anjog ka imah dines rèngsè patroli. Kulutrak muka panto, teu poho uluk salam, “Assalamualaikum!!”
Simpè.
Pas ngaliwat ka ruang tèngah aya sora, “Nembè uih a?”
“Sumuhun” Uing ngajawab bari olohok. Geuning aya. (AKW).