TEU SANGKA – fbs

Geuning kitu buktosna.

FIKMIN # TEU SANGKA #

TASIKMALAYA, akwnulis.com. Suku karasa beuki cangkeul basa anjog di basisir Cipatujah. Lain ukur capè ku raga tapi gudawangna hatè teu bisa disumput salindungkeun. Geuning kahayang jeung kanyataan ngadon pasalia.

Kamari tèh basa munggaran panggih, nyangka satujuan sakahayang. Uplek ngawangkong bari ngarahul bèntang. Ngusapan candramawat sanajan teu amit ka nini antèh. Gogonjakan nepi janari.

Ngagayuh ka subuh lain kalah tunduh, tapi beuki cènghar jagjag waringkas. Mimitina uplek ngawangkong, tuluy rungkang rongkong, tungtungna naplok jiga bangkong.

Dina mangsa mata poè mucungkul ti tungtung basisir. Kakara sakabèh carita èndah tadi peuting ukur rumpaka. Sabab dina nyatana anjeun geus codèka. Geuning lain wanoja saujratna.

Paingan dina ngusapan candramawat nepika murudul buluna. Da geuning gedè tanaga. Tuluy nyiwit kana kulit, daging ipis ngiluan. Uing ukur seuri mawur. Getih ngucur kabèh tagiwur. Tuur leuleus ibur salembur. (AKW).

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: