TENGTREM – fbs

Ngopay Bray… Sruput tengtrem.

BOJONGHALEUANG, akwnulis.com. Jang Kohir anjog ka hiji landeuh. Karèk gè nincak handapeun gapura ‘Wilujeng Sumping’, langsung kaambeu seungitna rasa nu geus wanoh jeung hatè tur dalit sareng pangambung. Sanès ku seungit wungkul, namung nenangkeun manah  nu keur guligah.

Narik rènghap panjang bari peureum, nikmat kacida. Selesep hawa surgawi minuhan rohang dada nu keur gudawang kuciwa. Lalaunan ngahaneutan kana kekemplong, peujit tur angen. Teu lami raray ngiringan ngahaneutan dugi kana ubun-ubun.

Rasa kuciwa margi kajantenan dinten kamari lalaunan hilap, kagentosan ku rasa tengtrem nu pageuh minuhan manah.

Lalaunan renghap dileupaskeun, soca beunta ningal kaayaan. Ya Allah nu murbèng alam, hookeun ningali ngèntèpna kios aralit tapi camperenik. Ngajajar nèmbongkeun kaseungit sèwang-sèwangan.

Lèngkah langkung ènggal, hoyong geura dugi tur nyeuseup seungitna kahirupan.

Mojang geulis sampulur omyang ngabagèakeun, matak ngadegdeg da sieun nyaah. “Mangga kang, aya arabica, robusta tur liberica, bade milih nu mana?”

Teu aya kecap nu janten waleran, ukur calangap bati kabita. Wilujeng ngopi lur. (AKW).

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

4 thoughts on “TENGTREM – fbs”

  1. “Mangga kang, aya arabica, robusta tur liberica, bade milih nu mana?”… Bade milih Teteh na…manawi can aya nu kagungan….he he

    Like

  2. “Matak gadegdeg da sieun nyaah” padahal eta nu kedah timbul, rasa nyaah ka papada jalmi supados urang di pikanyaah ku anu aya di langit. Sanes kito Bosquh😁

    Like

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: