NYÈRÈNGÈH – fbs

Teu pira sakerejep wèh..

BRAMBANGAN, akwnulis.com. Panon geus dipeureumkeun bari teu poho babacaan, tapi kalahka beuki cènghar. Beunta deui bari ningali jam nu naplok dihareupeun, geus ngadeukeutan waktuna indung peuting.

Padahal beurang tadi pabeulit gawè cilingcingcat kaditu kadieu.  kuduna mah capè. Tapi beuki seger waè. Meuni kasiksa. Kahayang mah gèk diuk dina korsi nu merenah tèh tuluy nundutan. Reup sarè bari ngimpi nu èndah, kabayang nikmat pisan. Pas gigisik sautik, laju beunta tèh geus nepi ka nu dituju. Kari jrut turun, cènghar teu tunduh deui.

Tapi geuning kahayang ogè lamunan teu sajalur jeung kanyataan. Istuning patukang tonggong.

Babacaan deui, sugan wè pitunduheun datang. Panon dipeureumkeun lalaunan. Gebeg tèh, korsi gigireun aya nu nyèrèngèh.

Pas panon beunta mah suwung, korsi gigireun kosong euweuh sasaha.

Lalaunan dipeureumkeun, janggelek aya deui. Huntu rogès nyèrèngèh. Teu loba carita, nangtung bari beunta. Pindah kana korsi kosong di tukang bari teu eureun istigfar.

Karèk gè gèk dieuk, beunta kènèh. Gigireun geus nyèrèngèh. (AKW).

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

2 thoughts on “NYÈRÈNGÈH – fbs”

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: