
CIMAHI, akwnulis.com. Ti hareup eungap nyedek tina kekemplong nyundul kaluhur, ogè panas bunghak teu bisa hitut. Ti tukang nyèksrèk tonggong beulah kènca, cangkeul pisan leuwih ti ilaharna. Antukna dua poè dua peuting aduglajer nahan kanyeri.
Beuteung mules murilit tapi euweuh rasa keur miceunna. Bulak balik cingogo dina pacilingan, suwung nu aya, teu hitut – hitut acan. Balik deui ka pangkèng, nangkuban karasa beuteung seueul jeung nyeri. Giliran nangkarak, karasa tulang tonggong nyarugak kana raga bari teu eureun nyanyautan.
Geus hayang sahinghingeun ceurik, tapi èra kana awak nu sembada. Bakal peupeus atuh jajaka gaya jadi pèloy teu walakaya.
Jikan ijigimbrang nèangan ubar, mitoha rawah riwih karunyaeun. Ucing ogè ngadadak ogo jeung cicingeun, nyahoeun dunungan keur teu puguh rarasaan. Iwal ti budak wè nu keukeuh muntang hayang digandong.
Tah geus kieu mah karasa, ubar nu utama tèh du’a ka Gusti Alloh nu maha kawasa. Tangtuna ihtiar uubar ogè kudu dileukeunan. Tapi mènta cageur jeung panghampura tina sagala dosa jadi nu utama. Urang tèh ukur mahluk nu teu daya teu upaya, istuning ku kanyaah Gusti bisa kumelendang di alam dunya. Cag.
Cageur lur?…..