
BANDUNG, akwnulis.com. Tadina teu aya èmutan nanaon, basa bèbèrès di pangkèng. Kampuh ditilepan bantal guling dibariskeun, teu hilap kasurna digebugan nganggo sapu nyèrè. Teras mapay galar bari dielapan.
Sabot ngadudut juru seprè palih katuhu, nonggèrak remot tipi warna bulao mètalik. Pencètanna beureum sareng hèjo.
“Ti iraha Ema sareng Apa nyoo rèmot?, pan teu aya tipi?” Gerentes dina hatè.
Remot bulao dialak-ilik, dibaca tulisanna aralit teu kaaos. Panasaran, tombol beureum di pencèt.
Dhuaaaar!!!!
Burinyay, poèk.
Pas beunta reuwas kacida, geuning keur aya di lapang kurusètra. Tèng waja pasulabreng. Dor dar sora mortir. Tangtara lalumpatan, marakè rompi jeung bedil panjang.
“URAA.. URAAA”
Aya tangtara gogorowokan bari ngadeukeutan. Uing ngahuleng.
“Punten abdi mah Acèng”
“URAAAA” Ceuk tangtara beuki deukeut.
Èlèh gèlèng bisi ngabedil, Uing gè ngagorowok, “URAA…”
Tangtara tèh langsung nangkeup bangun nu atoh. Uing gè ngarasa tengtrem.
“Acèèèng!!!, kalahka molor dititah ngabèrèsan kamar kolot tèh!”
Uing ngarènjag beunta, pun bapa molotot bendu kacida. (AKW).
Hehehe….meni sae basa sundana👍👍👍
LikeLiked by 1 person
Alhamdulillah bu, URAaa
LikeLike
Jadi Putin ngomong uraa itu dari basa sunda ya? Wkwkwk.
LikeLiked by 1 person
Hahahaha….. itulah indahnya sastra dan fiksi… URAAA…
LikeLiked by 1 person