BAROS, akwnulis. Hujan kasontennakeun, nambihan karungsing tur kapaur. Sanaos dipapay disasar mah da teu aya masalah nu tumiba, “Tapi naha manah asa sangsara?”

Cobi diimpleng deui, bilih aya hiji perkara nu ngajantenkeun kahariwang rasa. Atanapi kajantenan nu tumiba, boh langsung kana raga atanapi keuna dina manah tapi nu midamel teu rumasa.
“Abah tèh kunaon, meuni ngalimba?” Soanten jikan ngagareuwahkeun. Mupus lamunan ngècagkeun pikiran nu keur kumalayang.
Abah tungkul nahan kapaur, ilat teu kebat pangacian lumpat. Tapi neger neger diri supados kiat.
“Teu nanaon mah, punten wè èta murangkalih sina ngalih barang tuangna”
Jikan surti, nuyun si bungsu ngalih ka dapur, “Hayu diditu emamna geulis, hawatos Abah”
Abah ngarènghap, rada reugreug ayeuna mah. Teu patos tagiwur ningali murangkalih ngalimed kana liwet sareng semur, ogè ès goyobod nu tiis amis. Margi mahrib tebih kènèh. (AKW).