
LIANG MÈONG, akwnulis.com. “Méooooong… ngéooooong, méééééong.. whaaaaong” sora ucing paséa patémbalan, rungseb kana ceuli, ngagéréan teu katahan. Méré lolongkrang kana jajantung sina ratug, neken angen dongkap amarah. Rék peureum pasosoré balik capé digawé, diganggu ku ucing gétréng nu parebut pamor dina suhunan bari disada teu eureun-eureun.
“Mééééooong, grrrrmmm…. méooong” Ucing bikang beuki séah, masang kuda-kuda. Bulu narangtung ceulina rancung, panon melong bangun nu ngitung. Ucing jalu nu bulu hiris mah uang éong bari nyérépét muru ka bikang, ari nu hideung meles mah camperego, panon gular giler.
Amarah geus ngabudah, raga teu tahan, jiwa baruntak. Ucup ngajleng tina dipan, najong panto hareup, langsung luncat kana suhunan. Taki-taki bari nyanggéréng, huntu ranggéténg sihung ngajentul, langsung babaung.
“Auuuuuuuuuuu….”
Ucing nu keur paséa jep jempling, papelong-pelong, tuluy narangtung maké dua suku. Pacantél, tuluy indit lalaunan ninggalkeun uing bari pakaléng-kaléng. Kadéngé samar-samar nu bikang disada, “Hayu urang ngalih amengna akang-akang, di dieu mah paur, aya anjing ageung.” Cag. (AKW).
mantap Pak Sekdis literasi bahasa sunda.na
LikeLiked by 1 person
Hatur lumayan… ngeoong
LikeLiked by 1 person
Mantaap.meski kurang ngarti
LikeLiked by 2 people
Makasih bang.. . Nanti dibuat translate nya…
LikeLiked by 1 person
Muhun pa..fiksiminina mantap…
LikeLiked by 1 person
Meongggg….weeeeongg… byurr…bubar & damai… hening malam kembali hadir …syahduu
LikeLiked by 1 person