Di operasi – fbs

Carita pondok minggon ieu…

BANDUNG, akwnulis.com. Teu pira ukur ngajlengan pot kembang leutik, suku kènca geus dua bulan teu walakaya. Pas kajadian mah teu dirasa, kalah ka ngadon indit nedunan tugas ti dunungan, muru kuya di ujung gentèng.

Sampean uing / dokpri.

Balikna suku bareuh nyanyautan, teu loba tatamba tapi dipariksa ku dokter di rumah sakit, di mimitian ku poto rontgen.

Tah ieu gambarna jang, potong tulangna jeung seukeut kaditu kadieu, wayahna kudu gancang dioprasi” Sora dokter handaruan, panon olohok nempokeun gambar, teu lila titingalian karonèng, poèk wèh.

Pas hudang geus ngagolèr dina dipan, di riung ku lobaan. Aya nu nyekel ragaji, ogè palu jeung triplèk, kaciri beungeutna galeumpeur.

Uing rikat luncat, lumpat notog-notogkeun manèh bari gogorowokan, “Naha teu bèbèja rèk ngoprasi tèèèh!!!”

Nu keur ngariung ngembang kadu, salah saurang nyarios, “Kunaon si aa èta, teu pupuguh hudang, lumpat bari gogorowokan, boa boa…”

“Keun wè, ayeuna mah urang nungguan nasib Jang Ibro nu keur dipariksa” Sora mandor bangunan neger-negerkeun manèh, sanggeus tadi aya musibah wangunan runtuh di ruang administrasi nu keur di omèan ku pagawèna.

Uing humarurung di peuntaseun rumah sakit, ngalungsar bari ngararasakeun suku nu beuki nyanyautan. (AKW).

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: