FIKMIN # KARASA #

Tungtungna ngajaran sarè di rumah sakit jalaran rèk opèrasi suku kènca. Sakamar duaan jeung bapa bapa tengah tuwuh. Teuing gering naon, ngan kareungeu mah utah waè mun nginum atawa barang dahar.
Hahalang ukur hordeng, atuh sagala laku lampahna ècès pisan, karunya. Jigana kèrèsèk geus beak opat losin, da unggal usik utah.
Nyedek ka peuting, katingali beuki ripuh. Bèl meus meus dipencèt, perawat bulak balik. Nu tungtungna tengah peuting rèk dipasang katèter jeung sondè.
“Geus tong loba humarurung, ayeuna rèk dipasang katèter mèh teu riweuh ka jamban” sora jikanna bedas.
“Embung ah, sieun nyeri”
“Teu nyeri, siga disunatan” ceuk Jikanna, salakina unggeuk.
Perawat datang rèk masang katèter, “Mangga pa, ulah geumpeur”
Kuring ngilu muringis, asa nyeri jeung linu dina mamarasna.
Jol gorowok tèh si bapa, “Adaww geloo nyerii, teu jiga disunatan ieu maaahh, asup kana liangnaaaa…”
Kuring leuleus, ngèsang jeung nahan kanyeri. Karasa nyèrèsèt jeung peurih. Cirambay. (AKW).