Bandung, akwnulis.com. Sebuah saat berbuah sempat, secuil waktu menjadi penentu. Di kala ide hadir menghampiri, tak ada cara lain selain menuliskan dan menghadirkan di sidang pembaca.
Kali ini kembali tulisan singkat reka (fiksi) berbahasa sunda memenuhi ruang lihat kita semua.
Haturan…
***
FIKMIN # CIRAMBAY #

Awak pasiksak uteuk butek, bèak dèngkak ngurus pagawèan. Rambut gimbal beungeut ceuleuyeu. Can gè nincak golodog, geus disamber ku gorowok, “Wawanianan sia nincak imah aing, teu sieun dikadèk!!?”
Gebeg tèh, naha jikan jadi kitu. Ngabigeu teu puguh rasa, sabab rumasa langka balik ngadon jadi doktor, mondok di kantor.
Lain pèdah ngudag duit sagedè panto jadi poho anak pamajikan, tapi geuning pagawèan murudul nepika waktu 24 jam tèh kurang kènèh.
“Hampura nyai, ieu akang. Naha teu apal?”
Nu ditaros ngadon molotot, raray geuneuk bangun nu ngèwa.
“Indit siah, nanaonan ka dieu!” Sora teugeug nu ngancurkeun hatè. Sakabèh pujian hasil gawè di kantor ilang teu manggih rupa, istuning leungit sajorèlat nètra. Asep nyuuh dina taneuh buruan, cirambay.
“Nyai èta saha?”
“Duka pap, nu gèlo katawisna mah”
Asep curinghak, asa apal. Èta mah sora Mas Tèjo, tatangga bèda blok.
“Kang Asep… Kang” Sora Mas Tejo nyalukan. Asep lumpat satakerna, ngajauhan. (AKW).
Luar biasa basa sunda teh, ayeuna mah tara aya nu nyarios seperti kitu,
Damang pak sekdis ?
LikeLike