CURUK – fbs

Diwaler lepat teu diwaler lepat.

CIMAHI, akwnulis.com. Sebuah coretan kata yang hadir dalam suasana pandemi yang semakin tak pasti. Semangatttt dan kita bersatu padu menghadapinya.

Tulisan ringan berbahasa sunda, semoga menghibur.

CURUK fiksimini basa sunda.

Nèng Rahmi rawah riwih baru jubras jebris, ngadu ka indungna. Pèdah asa dihina ku Jang Opan, babaturan ngajina.

Kunaon nyai tèh?” Ema na nanya bari reuwas kacida, sieun budak awèwè hiji-hijina digunasika. Nèng Rahmi tungkul bari ngagukguk. Jang Opan ngajanteng hareugeueun, teu puguh peta.

Indungna Rahmi melong ka Jang Opan, “Kumaha ieu kajadianna?”

Jang Opan bari rada geumpeur lalaunan nyarios, “Hapunten Amih, teu pisan – pisan kumawantun ngaheureuyan si Enèng. Mung ngawaler pertarosan wungkul”

Naroskeun naon Jang?” Ma Onah rada muncereng.

Muhun, tadi naroskeun kumaha cara panggampilna kanggè ngetès fungsi pangambung tiasa ngangseu atanapi heunteu, dina raraga antisipasi virus covid19 nu nuju nerekab”

Nya ku abdi tèh, curuk ieu  dicolokkeun kana imbit abdi, teras diantelkeun kana pangambung nèng Rahmi, eh kalah ka ngagoak teras ngababuk raray, naon lepat abdi?”

Ma Onah ngahuleng, curukna dicobi kana imbit nyalira, teras diambuan, “Aduh teu kaangseu…. Nèng hayu anteur rapid tès!!!”

***

Itulah cerita singkat berbahasa sunda kali ini, nanti jikalau waktu dan sempat bersua, maka akan dibuat versi audio dan ditambah penjelasannya dengan bahasa indonesia di channel youtube : @andrie kw. Terima kasih, Wassalam (AKW).

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

4 thoughts on “CURUK – fbs”

  1. Akibat curuk janten heboh kamana2
    Janten kedah ngemut heula upami bade ngapraktekkeun sabab akibatna…
    Mantap lah pa…

    Like

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: