BANDUNG, akwnulis.com. Sabot keur solat tarawèh, uteuk mah geus ngacacang, mikiran kumaha carana peuting ieu bisa nyeungeut petasan nu bisa ngabelesat muru jelema nu ngaliwat ka deukeut tangkal kiara badag.
“Assalamualaikum… ” Sora imam salam ka katuhu dina rokaat ka 20. Langkung ngusap beungeut, ngolèsèd kaluar masjid. Keun witir mah di imah, ieu sirah loba rencana.
Leumpang gancang bari mawa genep siki petasan beubeuritan. Nu bisa ngabelesur sabada dihurungkeun sumbu acirna, meulah lembur muru ka tangkal kiara.
Geus merenah dina rungkun deukeut tangkal kiara nu gedè, tinggal nungguan nu marulang solat witir ti masjid. Lolobana bakal ngaliwat ka dinya.
Pas ngaringkang aya tiluan diharudum sarung, langsung ngècèng, petasan di paskeun. Cekes!… Sruttttt….. petasan ngabelesur… lempeng sakumaha itungan, blus pisan kana sarung.
Darrr!!… sarung hurung, tiluan reuwas saharita. Saurang leuleus kapaèhan, nu duaan tigujubar ka balong.
Misi 1 kumplit, catet dina buku leutik. Ngalèos. (AKW).
***
Fbs : fiksimini basa sunda, sebuah tulisan fiksi berbahasa sunda dengan jumlah maksimal 150 kata, sudah membangun sebuah cerita.
👍👍sae kang
LikeLike
Hehe ….aduh doresa atuh ……..
Pak sekdis.
LikeLike
Hehehe….pak Sekdis eta teh zaman di masa nya hehehe…kabayang amun leres kajantenan nya an….😁😁😁
LikeLike