Fikmin : DIPAIDO

Jempol mencèt layar bray tulisan, ‘Naha artos sasihan dina amplop tos sèèp, mèsèr naon waè sasih ieu, meuni teu wawartos!!’
Nyel tèh ambek, asa dipaido tingkat nasional. Padahal geus bèak dèngkak minuhan sagala rupa kabutuhan rumah tangga sakumaha kawajiban salaki.
Gawè jadi teu puguh, hayang geura balik, hayang ngadat, asa teungteuingeun. Teu loba carita, gancang bèbèrès, clak kana motor, biur.
Nepi ka imah, Jikan somèah sakumaha ilaharna. Barudak rèang, komo si bungsu mah, ogo pisan. Teu lila, adzan magrib. Ngariung di tengah imah, buka puasa sakulawarga.
Kaambek rada rerep sanajan rada mentegeg. Ba’da buka puasa nyarios ka Jikan, “Mah, bapak bade ngobrol perkawis anggaran nu tadi di WA ku mamah”
“Mangga Pah, mamah naros tèh. Bilih kirang, tiasa dibantos ku Mamah. Kaleresan tadi siang kènging honor nyerat tina majalah sareng tabloid plus arisan ibu-ibu komplèk”
Kaambek leungit saharita, èra nu aya. Layung peuting imut maturan kabungah rasa. Nuhun geulis.
***
Fiksimini Basa Sunda (fbs) sebuah genre penulisan fiksi super singkat maksimum 150 kata, sudah membangun sebuah cerita.
Mantap pisan pa tong soudon heula..😊
LikeLike
Muhun pak sekdis dina sasih saum mah jahat benten sareng dina hari” biasa sagala kedah di aya”keun hehe..🙏
LikeLike