CAKRAWALA, akwnulis com. Asup ka jamban rada horèam, tapi geuning pangseng hoyong geura kahampangan. Nya kumaha deui. Blus ka jamban, teu keueung sakumaha nu dibayangkeun.

Porosot calana, gèk diuk dina closèt. Kadènģè dina luhur sirah aya nu ngaguruh, tara ti sasarina. Keur anteng kahampangan, kaciri sabun jeung sikat huntu ngambang. Gebeg tèh.
Teu talangkè nyokot cai dina èmbèr, tapi geuning kosong. Reuwas mimiti nyaliara. Ayeuna karasa awak asa hampang, ngilu ngambang. Katarik ku hiji kakuatan nu aya dina lalangit jamban.
Jamban jadi bèda, kabèh ngambang kaasup cai kahampangan. Uing reuwas, roroèsan teu puguh cabak, “Tuluuuung… Emaaa… tulung!!!.”
Cetrèk, reup! jamban poèk mongklèng. Panto jamban muka, “Jang, teu nanaon?”
Sora Ema ngagareuwahkeun. Uing curinghak bari awak nyuuh dina tègel, “Henteu Ma, mung reuwas naha janten tiasa ngapung”
Ema imut bari nunjuk exhaust fan anyar, “Jigana salah mèrk Jang. Isuk urang benerkeun.”
Uing unggeuk bari tuluy ngabèrèsan jamban nu pasiksak teu puguh rupa. (AKW).
***
Fbs : fiksimini basa sunda, sebuah cerita rekaan berbahasa sunda dengan maksimal 150 kata.
Hehehe…horor….
Anu di IG parantos di Like pak Sekdis👍👍
Sehat selalu pak Sekdis🤲
LikeLike
Nu ngaguruh teh blower panginten pak sekdis da ari di lembur mah tara aya nu kitu ayana di kota. hehe…….
LikeLike
euleuh.. eta kipasna meni nyedot kitu.. kabayang sagalana ngapung ateuh.. top ah
LikeLike