CIANJUR, akwnulis.com. Sebuah saat berteman waktu disitulah kesempatan berpadu. Tanpa perlu berlama-lama, maka goreskan seuntai kata meskipun bisa bermakna ganda.

Itulah berkah dalam sebait kata, maka hadirlah tulisan fiksi berbahasa sunda dengan batasan 150 kata.
Cekidot….
FIKMIN # TANJAKAN KANYAAH #
Teu pisan-pisan aya niat ngaraheutkeun manah salira. Teu sirikna sagala rupi perhatosan ditumplekkeun pikeun ngajagi katresna supados manteng salawasna.
Hanjakal geuning tanjakan ti salira matak rieut mayunanna. Saminggon kapengker nyuhunkeun dipangdamelkeun wèbsite anu kumplit sapuratina ditambih hosting unlimited. Ayeuna nambih deui hoyong dipahugi sa sèt komputer pikeun nambangan bitcoin.
Kusabab bogoh tur nyaah, teu seuer saur langsung waè order onlèn sanaos pangaosna matak olohok. Keun wè ah, banda tatalang rasa.
Tapi, tepang tadi wengi geuning tos nambih deui panyuhunkeun tèh. Rada sesah nolakna margi bari ngalèndèan. Antukna ukur unggeuk nu janten pamungkas carita.
Ayeuna kantun hulengna, ngajentul teu puguh rasa. Da geuning panyuhunkeun nu rada pamohalan kedah dipaheutkeun sonten ayeuna. Nyaèta nyungkeun minggon payun lamaran, nu hadirna kedah aya Diva miwah tiasa live dina tipi nasional tur streaming yutub 24 jam campleng.
Wios bedo waè geulis, hampura Akang nu ngan ukur sakieu. Cag
***
fbs : fiksimini basa sunda.
lamun nu dipundutna wayang golek kumaha diteraskeun wae ki sunda ..!,😅😄😂nu ngiring mentasna cepot, dawala sareng gareng🙊 punteeen ngiring banyol sakedik😀
LikeLiked by 1 person
Hahahaha… katawisna ditedunan sakantenan dalangna di booking satahuneun… 😄😄😁
LikeLike
Hawatos nya…teu bedag kahoyongna…wios bedo wae…hi..hi…😭😀
Sae pisan cerpen na👍
LikeLike
Waduh mantap”
Dikirim computer da bogoh tur nyaah naon wae ge dipasihkeun da bakat ku bogoh tea.
Masalah pangaos nomor 2 tapi akhirna bingung nolakna pami aya kayongna hehe…..
LikeLike