TOS WAKTOSNA – fbs

Teu aya kecap nu tiasa disebat…

CIMAHI, akwnulis.com. Aya rindat soca nu nyarengan angkatna waruga, aya sèrèdèt hatè basa anjeun ngalèngkah nonggongan bèja. Asa teu nyangki, geuning kedah kieu dina ahirna.

Photo : Pileuleuyan / dokpri.

Sanaos dikiatkeun supados cisoca teu murubut maseuhan raga, geuning sesah da èta mah tos aya tidituna. Kantun nyayogikeun salosin salempay kanggo nyusut sagalana.

Janten tèga waè ieu tèh?” Geter soanten ngawakilan kapeurih, rasa hanjakal bet patepang basa harita.

Terang bakal kieu mah, teu kedah tepang teras kenalan nya nèng?”

Sumuhun Akang, duh hapunten samudaya kalepatan”

Soanten nu biasana halimpu, ayeuna mah asa seukeut ngarakacak manah. Ngaguratan nasib janten pasiksak teu puguh rasa. Marojèngja.

Sababaraha kali meureumkeun soca, sugan wè ieu tèh ukur impènan nu henteu nyata. Mung hanjakal dina mangsana beunta, anjeun tèh beuki nebihan bari ngagupay panungtungan.

Tungtungna mah nyuuh kana taneuh bari ngagukguk, ngabahèkeun bangbaluh rasa. Nitip ieu sadayana, supados hampang deui dina mayunan kanyataan yèn anjeun tos miang muru harepan sèwang-sèwangan. Cag. (AKW).

***

Fbs : fiksimini basa sunda, genre tulisan cerita fiksi singkat berbahasa sunda dengan maksimal 150 kata sudah membangun sebuah cerita.

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

8 thoughts on “TOS WAKTOSNA – fbs”

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: