DITEPAK – fbs

Geuning kitu lur…

FIKMIN # DITEPAK #

Photo : Ieu Kèrèsèk / doklang.

Patalimarga pasosorè di wewengkon Cihaliwung pabeulit da hayang paheula-heula. Geus ilahar sok aya nu ngabantuan ngatur jalan.

Jorojoy aya niat hayang mèrè dahareun, ulah duit sarebuan waè. Ngadeukeutan parapatan, kaciri nu keur riweuh leungeun pakupis bari gogorowokan, “Maju mang, majuu…. èta nu hareup eureun heula!”

Pas geus deukeut pisan, kaca mobil di buka, leungeun katuhu ngasongkeun kèrèsèk, “Ieu bolu hatur lumayan”

Plak, leungeunna lain nampa kantong kèrèsèk, kalah ka ditepak, murag ka jalan.

Gejul Siah” Uing nutup kaca bari kekerot, gas ditincak ngadius samutut.

Acong tukang ngatur jalan nyisi ka pos ojèg, reureuh heula.

Kunaon euy?” Jang Otay nanya.

Eta supir rèk nipu deui cuy, mèrè kèrèsèk bari ngagorowok ‘bolu’, padahal jiga kamari eusina runtah pikarujiteun”

Gableg wèh mobil, ari kalakuan teu balèg”

Sabar Cong, boa teuing nu ayeuna mah jelema bener”

Duanana papelong-pelong, tuluy lalaunan leumpang muru ka parapatan.

Kaciri bolu siffon jeung cau bolen, ambarayah pejèt kagèlèng.

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: