BOTRAM – fbs

FIKMIN # BOTRAM #

Sambel dadak / dokpri.

Tujuhan ngadon botram di sisi balong. Ngarèndos sambel ku Udin, ngaliwet sangu ètamah damelan Si Ewok. Uing bagian ngarungkup lauk, alhamdulillah genep nila tilu lèlè ogè hurang satambruan tos diberesihan. Ayeuna nuju dibeuleum ku Cèp Tatang.

Seungit pisan, nyambuang mapay pucuk pangambung. Nambih kurubuk dina patuangan nu tos titatadi ngantosan.

Dina waktosna sadaya tuangeun sayogi. Geuning teu sangki, sambel dadak Udin raos pisan. Antukna sanès lirèn ngahuap tapi kalah ka ngalimed deudeuieun.

Komo deui nu dicoèlkeun tèh sangu liwet haneut pulen nu tos galo sareng kiripik bèca. Daun sintrong sareng surawung matak damang nu nuju pundung. Pamungkasna daging lauk beuleum nu girinyih tambih hurang nu  bareureum seger.

Nuju anteng balakècrakan, aya soanten handaruan, “Har ari nyanèh, ngadon botram bari maokan lauk urang!!!”

Sapertos nu jangjian, teu antaparah deui sadayana paburisat lalumpatan. Lambey samutut panangan rapang, nebihan Abah Haji nu molotot kaèdanan.  Kawènèhan sareng sèro bungkeuleukan.

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: