
fbs : fiksimini basa sunda, sebuah karangan cerita fiksi sederhana dan pendek. Makaimal 150 kata sudah membangun sebuah cerita.
***
DISADA
“Abaah… Abaah, gugah, èta soanten naon gandèng” Gorowok jikan ngaruntuhkeun impènan, hudang saharita. Rungah ringeuh, nèangan asal sora.
Lampu pangkèng dicetrèkeun, bray caang. Hapè tujuh ditempoan, pareum kabèh. Tapi sora aya kènèh, “Blutut on… blutut on” meuni tarik naker nepika saimah-imah hudang, barudak ngariung ogè jikan jeung rèncang.
“Blutut on!”
Pèk tèh geuning tina mic karaokè gaul nu aya blututan. Teu antaparah deui, di pareuman. Jempè saharita.
Karèk gè rèk reup, mic disada deui, “Blutut on… blutut on”.
“Haram jadah, ngaganggu waè ka Aing” langsung mic dicekèk, batrèna dipurak. Di teundeun misah di mèja ruang tamu, karèk jempling.
Alhamdulillah, Ayeuna bisa nuluykeun sarè.
Na atuh kakara rèk ngimpi deui, barudak ribut di kamar hareup. Teu loba carita, langsung kaluar. “Aya naon deui?”
“Itu….” Si cikal nunjuk kana mèja, kaciri mic jeung batrè ngagolèr misah. Tapi masih disada, “Blutut on…”
Ngarèrèt kana wèker gigireunna, jarum jam ngarangkep, jam 00.00 wib. Euh. (AKW).
Ku seueur hpna kang aya 7 hehehe..
Hatur nuhun kang tos lami tara baca bhs sunda..
LikeLiked by 1 person
Namina ge ngarang bu, janten hapèna seueur hehehehe… sami-sami. Nuhun parantos nyempetkeun maca kotretan simkuring.
LikeLike
blutut on… jaman na atuda ayeuna mah, alam sanah boge usum blutut
LikeLiked by 1 person
Rupina gaul lintas dimensi tea pak 😁😄😄
LikeLike
hanjakal pondok dongengna kang, tapi sae kanggo bahan diajar maca sunda murangkalih, hatur nuhun kang
LikeLiked by 1 person
Sami2 pih, nembe tiasa nu parondok pih… khan upami golf ge nu sae mah stik pondok hehehehe….
LikeLike
Wkwk… ga trll ngerti bs sunda sih. Tp msh bs ngira2. Jd yg bunyi teh alarm hp kang?
LikeLiked by 1 person
Yang bunyi itu mic karaoke yg ada blututnya… padahal baterenya sudah dicabut… dan nyalanya pas tengah malem jam 00.00 wib. (Hanya cerita fiksi singkat).
LikeLike
Kedah na “Mic sareng batre ” di pasihan sasajen ” kopi buhun tanpa gula “… Di jamin suanten na ” lagi …lagi..” moal ” butut on..”‘
LikeLike