FIKMIN # NGABURUSUT #
Tulisan fiksi singkat berbahasa sunda, fiksimini basa sunda (fbs).

MARGAWINDU, akwnulis.com. Tengah peuting geus sasadiaan, meh wanci janari teu kudu riweuh deui, tinggal indit babarengan. Janari leutik ngagupay basa ngariung di buruan kacamatan, rèk indit ka hiji tempat sarèngsèna solat subuh jamaahan.
Geuning teu nyalahan, meletèk srèngèngè di lamping leuweung Margawindu. Brèh layon nu ditèangan dua minggu katukang, ngajepat handapeun tangkal, beleger.
Uing papelong-pelong jeung Babinsa nu sayagi nyekel kantong mayit keur mindahkeun layon, “Naha beleger kènèh nya jeung teu bau nanaon, pan geus lila leungitna”
“Alus kitu Ndan, jadi teu riweuh mindahkeun, tibatan mun geus bilatungan” Babinsa mairan.
Teu loba badami deui, genepan ngadeukeutan layon. Kantong mayit di amparkeun gigireunna. Leungeun sèwangan-sèwangan diselapkeun kana handapeun layon.
“Hiji… dua… tilu!” Pak Kapolpos mèrè aba-aba sangkan babareungan ngangkat.
Leungeun babarengan diangkat, geuning layon tèh nampuyak. Kawas nangka buruk, ngabulaèh nyurucud. Bau hangru nu taya papadana nutup kana irung jeung pipikiran, eungap. Saacan titingalian poèk, karèrèt di juru tangkal, aya nu seuri sihungan. (AKW).
*****
waduh.. horor gening.. muringkak.. haha..
LikeLiked by 1 person
Kali2 genre muringkak kang…
LikeLike
serem mang
LikeLiked by 1 person
Muhuuun…. moal hilap pokona mah.
LikeLike
Maruringkak bulu punduk…, pepeling ka manusa waruga nu endah bakal pupus, iman jeung taqwa ka Allah SWT moal ilang mawa diri ka Illahi…bagja,….innallahi wa’innaillaihi roji’un..
LikeLike
Margawindu…. mantap Gan.. langsung Cisoka…. masih seu’eur nu sihungan..kang
LikeLiked by 1 person
Muhun…. Nostalgia masa lalu.
LikeLike