Fikmin # ANGGER #
fbs : fiksimini basa sunda, sebuah tulisan fiksi singkat dalam bahasa sunda.
KACA NANGKUB, akwnulis.com. Isuk kènèh geus ngabosèh, meulah patalimarga muru hiji wewengkon nu jadi jugjugan balarèa.
Anjog ka tempat nu dijugjug, geus loba jelema nu marakè sapèdah. Ngahaja ngadeukeutan, ngaliwat lalaunan. Bener wè loba panon ningalikeun sapèdah Uing, maklum sapèdah mahal jieunan nagara èropah mèrkna BOSON.
Kitu ogè pas eureun, tuluy dilipet tujuh jadi sagedè dompèt. Dijingjing wèh. Nu narèmpo olohok mata simeuteun, aya ogè nu ngacay teu kuat nahan kahayang. Hatè bungangang, bagja pisan, kieu geuning boga sapèdah mahal.
Karasa hanaang, muru rèstoran nu sayagi kopi jeung roti. Karèk gè nepi ka deukeut panto, pagawè toko ngahulag, “Punten bapak, sapèdahna disimpen diluar”
Uing morongos asa teu dihargaan, “Manèh nyaho sabarahaan sapèdah ieu?… Makè wani-wani nyarèk?”
Pagawè cafè seuri, “Angger wè sapèdah, punten tunda diluar nya!”
Karasa nyeuit kana hatè, meuni teungteuingeun. Uing bedo meuli roti jeung kopi, tibatan dihina ku budak satepak. Sapèdah dijingjing ngajauhan, hanaang. (AKW).
***
hahaha.. gara2 si BoSon tah…
LikeLike
It’s time for gowes brother..
LikeLike
Hahaha…..😃😂 nya enyaaaa atuh…akang, rek merk “BOSON” nya merk “BONGSOR” nu dimimitian ku bahasa sapedah mah..nya sapedah we…gilindingna dua diboseh ku dampal suku…😆😅 wayahna pasti parkirna diluar..beda …lamun merk “BORONDONG” parkirna di jero….bi..wiiir, hihihi😛😅😂
LikeLike