POÈK – fbs

Teu pira geuning, sajorèlat.

fbs : Karangan fiksi atau rekaan dengan maskimal 150 kata dalam bahasa sunda, sudah menyajikan satu jalinan cerita singkat.

Fikmin # POÈK #

Hiliwir angin isuk-isuk maturan kareugreug raga dina meulah patalimarga, muru ka tempat gawè sakumaha ilaharna. Jalan Tamansari diliwatan tumaninah, loba nu narumpak sapedah, ngadon ngudag kèsang jeung kahayang.

Panon macoco ningali nyi mojang ngabosèh sapèdah bari kaciri awak sampulur makè calana jeung baju merecet, pinareup nyeungseung.

Teu loba mikir, langsung ngagas, ngadeukeutan. Atuda tara unggal isuk kawènèhan Sapèdahna kaciri hampang, helm, sapatu jeung kacapanon hèjo carulang, Sexy cuy.

Nyi mojang mengkol ka kènca muru jalan Siliwangi, Uing mah kudu ka katuhu dan tempat gawèna di daèrah Dago. Ngan hanjakal panon mah macoco ka nyi mojang, irung motor bet nuturkeun ka kènca.

Jebred!!!.. poèk.

Panon beunta, geuning raga dibaguded perban sakujur awak di rohangan sarwa bodas. Mèlètèt ka beulah kènca, kaciri aya nu nungguan, geuning si nyai tadi nu numpak sapedah keur uplek ngawangkong jeung pamajikan.

Leng, poèk deui.

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

5 thoughts on “POÈK – fbs”

Leave a reply to Suhe Cancel reply