Ulah Sieun.

Tong hariwang, sagala rupa aya jalanna.

CIBOGO, akwnulis.com. Ngahaja manggihan kolot sanajan kudu meuntas tujuh walungan jeung mapay galengan nu satungtung deuleu. Hayang geura paamprok jongkok, rèk bèbèja jeung ngumaha pikeun meunang bongbolong dina enggoning lumampah di alam dunya.

Baheula Ema nyarita, “Jig indit ka alak paul teu kudu deui inget ka lembur, meunang balik mun geus manggih kabagjaan atawa sabalikna meunang kapeurih nu teu bisa ditandangan ku sorangan”

Ayeuna raga ieu datang, bari mawa kawirang. Lain carita bagja atawa dongèng katresna, tapi kapeurih dihina sabab teu bisa ngalaksanakeun titah raja nu matak ngabarubahkeun nagara.

Anjog ka golodog, Ema geus nyèrèngèh bari nyekel baki eusi sampeu haneut jeung botol hideung.

Anak Ema geus mulang, nuhun Gusti” Sora Ema nu satuluyna datang bari nangkeup awak kuru rada bau tapi boga tèkad panceg dina nyekel prinsip kahirupan.

Ema geus nyaho sapuratina, ayeuna mah rineh heula didieu, tah cobian ramuan kahirupan made in Ema” Hiji sora nu mèrè damèy hatè. Botol hideung dibuka, curulung kana gelas leutik. Leguk… leguk.

Photo : djamu Bratawali & Sambiloto / dokpri.

Ngaheneng… mèlèl… pait kabina-bina.

Aduhhh… naon ieu?” Leungeun nungkup baham nu teu kuat nandangan pait jeung pait nu gangalo sampurna. Teu culang cileung deui, lumpat ka balong hareup, cai dina kokocoran langsung diuyup, sugan wè lètah teu pait deui.

Tapi angger, paitna napel, peuherna komo. Ema mah ngan ningali wè kalakuan budakna bari imut bangun ngeunaheun.

Nepika janari ngagayuh ka subuh, lètak masih ditapelan ku rasa pait jeung peuherna. Teu pira geuning, ngan daun sambilito jeung bratawali dicampur cipanon saèsè.

Tapi hasilna cespleng teu leuleus deui, awak cangker jiwa ludeung. Nyanghareupan pahitna kahirupan nu teu sabaraha tibatan kudu ngaleguk paitna jamu sambiloto – bratawali. Hayu urang tandang pakalangan nyanghareupan tantangan kahirupan. Ulah sieun sabab geus diajar ngarasakaeun pait peuheurna jajamu jeung kanyataan. Cag. Wassalam (AKW).

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

One thought on “Ulah Sieun.”

  1. ” Meunang balik mun Geus mawa kabagja’an “… kaselap pidu’a nu jadi indung jeung bapa… sangkan urang manggih bagja… Hatur nuhun pidu’a na Ema.. bapa… anaking baris ngalengkah

    Like

Leave a comment